Jadi emut kana anggean Hansip anu ayeuna jadi jadi
anggean nasional pikeun pagawe nagri sa Indonesia di
lingkungan Departemen Dalam Negri. Kapaning baheula
teh hansip jadi bahan "cemoohan", sabab dianggap hiji
institusi anu nurunkeun darajat.
Tapi ku yasana pa Yogi Suardi Memet (Gubernur Jabar
harita) anu masihan conto malihan mah langsung
nginstruksikeun wajib ngangge anggean hansip kana
sadaya padamel pemda, eta kawajiban teh dinaekkeun ka
tingkat nasional. Ti Harita citra/image hansip teh
janten "naek daun".
Hiji deui kabiasaan lokal anu ditingkatkeun janten
tingkat nasional teh, nyaeta program "jum'at bersih".
Kabiasaan ieu teh tadina mah ayana di wewengkon
Lombok/Nusa Tenggara Barat. Kanggo para padamel negri
mah pasti uninga lah naon "Jum'at bersih" teh.
baktos,
mrachmatrawyani
--- Tatar Sunda <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Basa penutupan kuring kungsi ngobrol saeutik jeung
> Bupati Subang Om
> Eep Hidayat, negunaan implementasi tina KBS. Saur
> anjeunna cenah di
> Subang mah loba apresiasi Kasundaan teh. Jeung deuih
> anjeunna boga
> maksud hayang ngehirupkeun deui budaya/seni Sunda.
>
> - Ari siroreng si mana horeng anjeunna nyarios yen
> bakal ngawajibkeun
> ka PNS lingkungan Subang kudu marake kampret unggal
> poe kemis. Ieu
> program taun 2005 nu bakal dilaksanakeun. Ayeuna
> keur ngaput baju
> kampret kira-kira 11 rewu jang PNS Subang.
>
> Kumaha numutkeun parawargi?
>
> Baktos,
>
> Om TEDDY
____________________________________________________
Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football
http://football.fantasysports.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/