Assalamualaikum,…

Hapunten ka kawargian ..’to be continued’ teh sanes
dihaja supados…siga cerber..namung kabujeng
cape…he..he.. sim abdi mah tiasa ngapung ka Kusnet teh
dirorompok upami kaleresan rineh sawangsulna nedunan
instruksi PANGAButuh.Tah kaleresan we ieu bagian
salajengna ..kapajeng…nyanggakeun.

III

Mulih ka jati

Ari mulih ka jati teh hartina asal euweuh balik ka
euweuh. Nu euweuh teh –ulah salah -  ka manusaan/ka
insanan asal sirna balik deui jadi sirna. Asal laa
syaean madzkuraan balik deui jadi laa syaean madzkuran
(Al Insan). kainsanan ngan saukur dipake jeung aya
salila di dunya, dina paeh mah euweuh/sirna. Siga
kertas (jiwa) salila hirup ditulisan jadi jelema
(tulis salaus alusna). Tah dina ninggalkeun ieu alam
dina jiwa/nyawa/jisim/kuring  dihapus deui supaya
kertas beresih deui euweuh tulisan kajelemaan nohonan
statement qur’an manusa laa syaean madzkurran. Urang
sunda nu ngulik teu Sieun leungit tulisan/kajelemaan
..da teu jadi sirna teu puguh. Sabab dina leungit
tulisan teh aya keneh kertasna nya bodas nya nyacas…
nu qadim balik jadi qadim.
 
Tulisanna urang sunda nu ngulik mah dihapusna teh make
cara ‘cut’ atawa ctrl-x.Jadi dina kertas papan jiwana
geus euweuh tapi lamun aya nu perlu ku tapak/kanyaho
salila didunya bisa di paste/ctrl-v ku jelema nu hirup
keneh. Siga kasus ngeunaan maung gaib nu bisa
ngabelegedeg lamun dipenta dina hubungana jeung jalma
nu tarilem baheula. Salila operating system dunya teu
rusak/robah ieu ‘instruksi’/elmu di clipboard dunya
moal leungit tinggal aya henteuna jelema ayeuna nu
daek/wani/bisa/nyaho nga paste/nga downloadna. Jelema
na mah geus balik ka jatina. Nu aya teh elmuna (lain
jiwa/jisim/kuring/nyawana) di langit dunya sunda tara
dibabawa paeh karidu ridu.


IV
Mulang ka asal

Ari mulang ka asal. Asal tina Nur (sunda eusi) balik
deui ka Nur (sunda eusi) nya eta nu jadi asal
kurung/jasmani/raga/badan/jirim.
--
Sim kuring 2-3 taunan kapengker kantos ‘dodongeng’
ngeunaan ULIKAN SUNDA nu mangrupa cahya (salah sahiji
harti sunda=cahaya), sabagiana kantos didugikeun ka
kawargian Boh di millist ki sunda,  sundanet, oge
‘print’na (aya nu 25 hal- aya nu 294 hal).

Matak usul ka Kang MH/sareng tim TQBS hartos sundana
Surat An-Nuur diterjemahkeun Surat Sunda.
----

Naha ?

Mimitina asal awak ngagedean asalna tina hasil
kadaharan..ari kadaharan asal tina sato/tutuwuhan…asal
tina aci-acining taneuh, ditambah cai nu diauban ku
hawa (baheula sok disebut angin) di usikeun ku berkah
na panonpoe/energi ( baheula sok disebut unsur
seuneu). Bari diingetkeun ku Que’an qur’an yen sakabeh
dunya jeung langit asalna tina Nur nu di jadikeun ku
Nurusmawati fil ardhi (SUNDAna langit jeung
bumi)..matak kongas Allah teh nurrun ‘ala nurrin. 

Kajadian mulang kaasal 

Nu maot biasa raga na jadi bangke, terus biasana
dikubur nya lila-lila terurai deui  jadi taneuh 
jst..jst tapi masih keneh mangrupa unsur dunya, da
masih keneh aya dina siklus atawa rantai makanan di
dunya. Aya oge nu diduruk,  lebu na aya nu disimpen
aya nu diawurkeun ka laut ameh larut jeung alam tapi
eta kabeh masih dina unsur dunya …da masih keneh muter
di siklus dunya sanajan ari di awurkeun di laut mah
meureun ngilu kana siklus dunya nu leuwih gede. Mulang
ka asalna  jalma biasa mah ngan nepi ka taneuh deui nu
eta ge prosesna dibikeun ka alam/batur.

Nu maot na ngulik mah raga na teu nepi ka jadi bangke,
sirna na eta raga ge teu jadi unsur ‘partikel’ dunya
deui tapi dibalikkeun deui ka Allahna. Sabab boga rasa
rumasa:
1.      Nganuhunkeun ka raga/badan/jasmani/kurung nu ku
inyana teh urang sunda ‘nu ngulik’ bisa ngarasakeun
ni’matna dunya…nu ku eta bisa ibadah ka Allah swt…bisa
silih asah silih asih silih asuh silih getereng soloh
reheng silir rebut jeung sasamana jeung ku raga eta
‘nu ngulik’ bisa ngahontal ni’mat Allah di aherat nu
euweuh batesna nya gede nya langgeng. 
2.      Kusabab raga eta asalna tina roh-roh
hewan/tutuwuhan/taneuh jeung unsur-unsur dunya lainna,
nganuhunkeun ka raga ieu sarua jeung nganuhunkeun ka
eta kabeh nu geus dipake ku urang sunda nu ngulik (nu
teu ngulik mah can tangtu boga rasa nganuhunkeun).
Sabab sato jeung tutuwuhan ge ummat/mahluk nu hiji
waktu bakal ruksak jeung kabeh ge (kudu) balik ka
Allah wa ilaihi turja’un. Sedengkeun nu bisa ma’rifat
/ni’mat boga agama teh ngan jelema. Ari sato/tutuwuhan
mah henteu tapi ku dihakan teh mantuan jelema supaya
kuat/bisa ibadah/ma’rifat. Tah mulang tarima na ku
mawa maranehna innalillahi wa innailaih rojiun
sanggeus maranehna ibadah ku mantuan jelema hirup/usik
malik. Jadina runtut raut silih tulung..sok disebut di
lembur mah ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak.
3.      Tina nu dua eta nu utamana mah nganuhunkeun ka nu
maha suci sabab sagala ge ti Mantena. Jadi dina
baralik teh, salah sahijina,  diwangsulkeun deui
pamasihanana ka asalna sadayana teu kurang teu leuwih,
euweuh nu diaku aku nu disumput sumput nu diantep
dipoho poho teu diwangsulkeun ari dina waktuna kudu
balik.


Kumaha cara jeung kanyataanana ?

V
Kajadianana

Kajadianana mulih ka jati mulang kaasal…rupa rupa..
kumaha pamilih jeung kamampuhna

Aya nu heula mulih ka jati…mulang kaasalna nuturkeun
ku program/do’a/ itikad  memeh maot.   jadi katingali
ku batur mah siga paeh biasa.

Aya nu bareng sakaligus… nya nu iyeu nu di alam kami 
mah nu disebut Tilem/ngahyang warisan turun manurun
seuweu sunda. Ngan kajadianna matak helok matak
ta’ajub.


VI cara  (ringkesna)

‘Katerangan tina qur’an’  bagi I tea… urang gundukkeun
deui:

1. Ayana badan raga jasmani nu asalna ceunah ceuk
qur’an mah tina taneuh (caritaan ngeunaan adam), cai
(sakabeh mahluk dijieun tina cai), diauban ku nafas,
jeung kasorotan berkah panonpoe- di lembur mah sok
disebutkeun jasmani/raga/badan/kurung asal tina unsur
taneuh, cai, angin (nafas) jeung seuneu
(energi/panonpoe).
2. Ayana indra nu bisana nganyahokeun ngeunaan dunya.
pangdenge, pangdeuleu, pangangseu moal bisa
nganyahokeun Allah. Da cenah Allah mah moal
katingali…moal kadenge moal… kahontal  ku akal.
3. Ayana Ruh nu jadi urusan Allah – jelema mah cenah
mun dibere nyaho ge saeutik…eta ge lamun dibere nyaho.
3. Ayana hate nu jadi panarima ngeunaan  sagala hal ti
dunya – didieu di sunda bijil istilah ngeunaan RASA nu
dihartikeun awas na hate. 

Jadi Insan/jelema nu dibekelan 4 hal tea nu singgetna 
diwangun ku jasmani + indra+ hate + Ruh

[Kuring pernah nyobaan ngajelaskeun ngeunaan teknik
maehan (heula) panca indra..nu memang aya..di
kusnet/kisunda ngan hanjakal kirang peminatna ieu
dongeng lembur teh janten teu diteraskeun deui]

Lamun panca indera euweuh nu aya dijelema tinggal 
raga + hate jeung ruh. 

Tah dina ieu teknik…lila..lila hatena beresih teu
kalimpudan kapangaruhan ku panca indera…da panca
indera na di leungitkeun (heula) teu mere signal
kadunyaan/mangruhan hate … nya si hate tinggal
ngarasakeun (kamampuan hate jadi panarima-ku sikep
aslamtu) si  hate ahirna bisa ‘nganyahokeun’
urusan-urusan ruhaniah da nu katarima na tinggal
raga+ruh. Ari jasmani  lamun indera na paeh (heula)
bakal breh mangrupa cahaya (sunda) (tos pernah
mendakan???). Pan kongas  ningali Allah di dunya ku
awasna hate/qalbu (rasa) lain ku mata denge sirah,
Qalbu mu’minin baetullah…jrrd..jrrd…katasaufan nu
klise/hambar lamun saukur nyaho  bari teu karasa teu
ka bukti. 

Ieu nu ceuk kuring teknik empirik..saha wae nu bisa
migawe eta..bakal manggihan nu sarua (naha enya?).
Teknik na aya nu ti Islam.. aya nu ti luluhur sunda…
ceuk urang lembur mah lamun can mendak tinggal naros
ka nyalira…nepi kamana urang ngulik  agama + kasundaan
???




Naha perlu kawas kitu ?  

(urang teraskeun kapayun, insya allah)

baktosna
Eddy Nugraha


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke