Wa'alaikum salaaaaaam warrohmatullohi wabarokatuh...

Kang Dadang,
wilujeng sumping di ieu babakan.
nepangkeun oge, nami Nanang, pameget, urang Kuningan,
damelna di Jakarta, ari dumuk mah di Depok.

mangga dilajengkeun deui,
-dul-



--- In [email protected], dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Assalamu'alaikum....
> Sampurasun....baraya dimana bae ayana...
> sim kuring wasta pun Dadang Rukanta Suryahadimaja, nenehna daeng, 
asa
> mobok manggih gorowong nimu situs urang sunda teh. Da Ari ngaku mah
> urang Bandung, ngan nyeta kitu sapopoe teh arang cumarita ku basa
> sunda, ari salian ti di rorompok mah, janten pangapunten jabung
> tumalapung ilubiung dina Kusnet ieu teh hoyong miara basa karuhun.
> (janten hapunten upami babasan teh taregtog, mugi aya nu tiasa
> ngalelempeng...hatur nuhun sateuacanna), oge sugan tiasa ngagguar
> perkawis kasundaan.
> Ngeunaan sim kuring mah, umur teh 40 tahun, padumukan di Bandung di
> lebah Jl. Ciateul, ayeuna kapapancenan gawe teh di RS AL Islam
> Bandung salaku Dokter Bedah Orthopaedi.
> Rupina samentawis sakitu heula. Neda agung cukup lumur neda jembar
> pangampurana bilih aya babasan nu teu merenah....
> Wassalamu'alaikum...
> DR.
>  





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke