wa'alaikum salam... kang nasir di rabat...
abdi teu acan lami ngiringan ieu milis..aya 5-6 sasih mah. resep geuning, tiasa pendak sareng para wargi, dulur-dulur urang sunda. hanjakal, abdi jarang aktif di ieu milis..ukur resep maca postingan ti dulur-dulur wae.. mun pareng aya acara mangung gamelan di mesir, abdi sok rajeun ngintun wartos ka ieu milis..ari maksad mah hoyong berbagi sareng para wargi sadaya. waas pisan geuning, ngadangukeun hariring cianjuran, kacapi suling, atanapi gending gamelan/degungan, di nagara deungeun, alam pangumbaraan..kasono ka lembur teh asa mingkin pohara.. pidu'a sareng dukungan moral di dulur sadaya, tim gamelan sunda mahasiswa jawa barat di mesir, kiwari tos ngagaduhan grup calung, angklung, kacapi-suling, oge tangtos, gamelan sunda. kawit mei 2002 dugi ka kiwari, tos ngiringan 28 pangung. kawit acara-acara mahasiswa, pangung promosi budaya kbri kairo, oge festival internasional. kantos dua kali jadi pengiring upacara pernikahan adat, oge tilu kali festival internasional. calung nembe tampil tilu kali, wayang golek sakali. pangung pangengalna, kaping 28 juni 2005 kamari, payuneun ibu negara mesir, suzan mubarak, oge para inohong wanita mesir. oge aya ibu hassan wirayuda, nu kaleresan nuju acara dinas menteri luar negeri di kairo.. "asa ngimpi", ceuk barudak nayagan teh. bungah, nu taya papadana. ngan harita, barudak kungsi ambek-ambekan, bari saleuseurian oge ngadegdeg, pedah alat-alat gamelan, diciuman heula ku anjing pelacak.. badag anjingna teh.. eta meureun dumeh rek aya pamajikan persiden, jadi kudu steril, bisi aya bom.. abdi saparakanca di mesir, hoyong pisan 'dilongok' ku para pupuhu ti pemda jawa barat..uleman kantos dicobi sababarah kali, tapi aya wae wagelanana..( manawi dulur-dulur tiasa masihan bongbolongan..?!..) hatur nuhun ah... 'dpr' --- In [email protected], sara raka <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > assalamualaikum > de, damang?... > geningan ngiluan milis ieu euy > > nya ieu mah pikeun reuni urang jabar. > ana yeuh kang risan alias nasir tea. si agus sarip alhamdulilah sehat2 bae. > > teraskeun bakat seni na. > > de, sakieu heula nya. > si sidik kumaha ayeuna, kumaha hasil ujianna? > > mangga ah > > free man <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Gamelan Sunda Irama Betawi.. > > Grup gamelan kami sudah biasa membawakan lagu-lagu dangdut Melayu, > Arab, Inggeris, bahkan pernah lagu Turki. Semuanya terasa mudah. > Tetapi, di acara resepsi pernikahan sebuah keluarga KBRI Kairo Rabu > sore 22 Juni 2005 lalu, kami merasa kesulitan ; membawakan lagu-lagu > Betawi karya Benyamin Subur alias Bang Ben. > > (salengkepna : > http://dedepermana.blogspot.com/2005/06/di-balik-panggung-5.html ) > > hatur nuhun ah...salam ka sadaya dulur.. > dpr > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > --------------------------------- > YAHOO! GROUPS LINKS > > > Visit your group "urangsunda" on the web. > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > > > --------------------------------- > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

