Punten ah, abdi di Batam.
Di kantor aya CD writer. etang-etang ngopi sa CD kirang leuwih 15 menit, jam kerja aya 8 jam.
Upami calik di komputer aya 5 jam, jadi kirang leuwih meunang 20 pcs lah sadinteun.
Kumaha tah, kang Sasmita?

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Ganjar, hatur nuhun pisan kana pangrojongna, ngeunaan CD kosong sareng CD Writer mah, ceuk sim kuring mah langkung sae di ka Cupumanikeun ( di Cupumanik saur Kang Hawe mah tos aya hiji/ upami teu lepat dina komputer nu sok dianggo ku Dadan aya saena ditambihan hiji deui ), atuh nu hiji deui mah tiasa bae di YP ( di pupuhuna nyaeta di Mang J).
Janten kanggo ngaduplikasi CD aya 5 tempat (sementawis), di sim kuring, di Kang Soni, di Cupumnaik 2, di MJ.
Kanggo kaperyogian ngaduplikasi CD kantun nyuhunkeun ka Cupumanik, pangna sim kuring nyarankeun disimpen di Cupumanik supados unggal waktos ge aya kumargi Cupamanik mah kantor.
Atuh upami baraya Kusnet anu di Jakarta, Bogor, sareng anu sanesna bade ngiring mantuan ngaduplikasi kalintang dipiharepna, kanggo biaya meser CD kosong tiasa tina kencleng YP teu kedah dikintun CD kosong ti Bandung
Kaleresan tadi sonten ka rorompok si kuring aya MJ sareng Kang Soni, nya ngobrolkeun soal eta, kitu deui eusina.
Kang Soni tos nyobian ngadamel "auto run" supados CD dilebetkeun teh langsung "run" sareng mucunghul seratan Gawe Bareng Kusnet jeung Cupumanik.
Kanggo edisi munggaran mah urang eusian ku Ngalagena-0.3.ttf ditambih carana instalasi, Game basa Sunda, Hasil Digitalisasi, ngawanohkeun Kusnet, rekaman kagitan Kusnet, ngawanohkeun Cupumanik/ web-na.
Perkawis video duka tah eta mah teu langkung baraya di Kusnet bae, nu aya di sim kuring mung video waktos peluncuran buku SBJS (gawe bareng sareng Lisenda), waktos tepung lawung sareng Pa Ayatrohaedi ( nu ieu mah garapan baraya Kusnet nu di Jakarta).  
 
Ka baraya sadayana, pangna sim kuring ngayakeun gawe bareng sareng Cupumanik teu aya sanes iwal ti kataji ku "idelaisme"na, sapertos anu didugikeun ku pupuhu redaksi Cupumanik waktos kongres kaping 19 Juni 05 tea, teu aya "masturbasi" soal eusi, teu aya jual dedet, sugan we atuh ku ayana gawe bareng ieu tiasa langkung maju dina hal tiras kapayuna.
 
Hususon kanggo Kang Dian Tresna Nugraha anu parantos ngadamel komputerisasi aksara Sunda, sakali deui didieu sim kuring nyuhunkeun widi kanggo diembarkeun ngalangkungan CD anu bade dipigawe, kitu deui ka Kang Sonirosa game basa Sunda (wanara kumincir sareng jeknyeh) nyuhunkeun widi diembarkeun.
 
Perkawis usulan Kang Kumincir soal ngedarkeun CD teh aya saena, nya kanggo langkung selektip sareng supados mangfaat ka anu dipasihanana, urang tingal bae runtuyan pelanggan Cupumanik nu tos maneuh, didinya urang tiasa ngilo naha eta pelanggan teh gaptek atanapi henteu, naha eta pelanggan teh gaduheun komputer atanapi henteu ("underestimate"...?), memang leres upami langsung dikintun ka unggal pelanggan maneuh mah bilih mubadzir.
 
Kang Ganjar...(rada ngaharewos nu ieu mah) mangga diantos CD kosong sareng CDWriter-na, da saur MJ ge dina kencleng YP teh ayeuna aya 9 juta.
 
MSasmita
(Mang J honor teh lain 700 rebu...eung...tapi 750 rebu....!! --- nu ieu mah ngaharewos pisan).
 
----- Original Message -----
Sent: Saturday, July 02, 2005 5:00 PM
Subject: [Urang Sunda] CD Writer sareng CD Kosong Kangge Program Kusnet

Kumargi lajuning laku Kusnet sareng Cupumanik mah "justru", pribados seja ngadeudeul kangge ngagaleuh CD kosong sabangsa 1000 siki mah -- kalayan pangaos anu didugikeun ku Kang Roisz; atuh ngeunaan CD writer upami diperyogikeun urang ngagaleuh hiji atanapi dua, mung bade disimpen dimana sareng saha anu bade ngoordinirna -- atanapi urang simpen di Cupumanik?. Ngeunaan eusi, tangtos kedah anu narik sareng tiasa dipraktekkeun langsung, sapertos : aksara ngalagena, pupuh atanapi kaulinan budak tea (tiasa oge diemutan kangge ngadamel videona).
Nuhun, 

 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke