Salah sahiji kliping taun 2000-2001 nu masih dikeukeup kuring teh artikel2 YHI. Legeg (style) YHI teh khas konfrontatif, tapi karasa maksudna mah hade, contona bae dina "Tidak ada Kepemimpinan Sunda" atawa pamadegna "Sikep inferior Urang Sunda". Artikel2 eta teh dijamin matak asak beungeut inohong/pangagung sunda, komo nu ipis ceuli mah. Tapi da alus oge tulisan teh keur ngageuingkeun urang sunda supaya ulah jumud. Tapi anehna teh asa jarang pisan nu jadi padungdengan/polemik, duka pada narima pamadegna atawa pada haroream nyanghareupan YHI. Ngan ceuk kuring mah khusus ngeunaan Kusnet anjeuna can pas nyieun peunteun sabab asana mah YHI teu ulubiung dina padungdengan Kusnet, leres teu? Ka Kang Darmawan aya saena pang dugikeun naon atuh nu dimaksad persisna "masturbasi" teh, asa can kapanggih yeuh sisi alusna, kumaha urang rek nyieun "otokritik"?
salam
JP
jaka ekalaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
jaka ekalaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Perkawis P Herman Ibrahim,
Inyana rupina teu kitu paos ka Kusnet, ka internet.
Mung, pami aya pasualan nu patula-palati sareng
jalmi-jalmi nu ku sim kuring kenal aya di internet,
biasana sim kuring nguningakeun. Sae awon, tangtos,
sakumaha nu aya di milis. Teu ditambih, teu
dikirangan, mung diforward.
Pak Herman teh sakilasan (at glance)mah memang gampil
ngahudang kayakinan, yen anjeunna sapertos nu Ku Kang
MJ uningakeun: " kolot nu sakur nu kapanggih ku
manehna, eta nu bener." Mung numutkeun pangalaman sim
kuring mah, teu kitu oge. Nu jelas, kuring nyalira
rada simpati, jalma sakolot kitu masih keneh daek
neang, daek ngeusi hirup.
Basa awal 90-an, anjeunna sering ngajak kuring
mapay-mapay palasari, Cikapundung, neang buku. Moro
buku ku gajih bulanan sabage tentara nu boa teu
sabaraha. Ti kawit 95-an, senenng diskusi, tiap
minggon datang ka JL sabang, ngumpul jeung barudak
mahasiswa. Kadang-kadang ngilu urun rembug, kadang mun
bahasanna -boa- kirang 'nyambung', nya mung
ngadangukeun.
2000-an sim kuring nguping anjeunna masuk MMI, malah
jadi salah saurang panasehatna.
Pikeun sim kuring, "dengan berbagai kelemahannya
sebagai manusia, Herman Ibrahim layak dihormati."
hanya kalau bicara soal Sunda, bicaranya terkesan
seperti menyindir dan sinis. Orang-orang seperti
sahabat saya AA Sudirman, mungkin lebih baik tidak
bertemu. Hahaaha. Punten Kang AA.
Kitu Kang Jamal, Pak Heran yang saya tahu.
(Bukankah dengan begitu kita bisa menilainya dengan
lebih fair?)
Darmawan Sepriyossa
--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> tanggalna poho deui, saptu bulan juni. beres maca
> rubrik khasanah nu keur
> polemik soal seni tisna nu diduruk tea, polemik
> gara2 Ahda imran nulis
> laporan soal diskusi soal seni tisna tea di dago
> teahouse.
>
> dhipa nga sms. aya pertemuan cenah dihotel santika.
> diantos. nya milu
> hayang nyaho. si horeng komunitas Panyawangan,
> mintonkeun Y. Herman
> Ibrahim jeung saurang deui, ajam duka saha, batur
> polemik dina PR soal
> islam sunda asana mah.
>
> dhipa oge dipenta nyarita soal Sunda paeh tea, nu
> kungsi dimuat di rubrik
> opini PR. tah, si kuring mere ilustri/conto yen
> Sunda- dina sesi tanya
> jawab- contona basa Sunda, kungsi paeh, dina harti
> teu dipake di
> kota/kabupaten jaman mataraman tea. nya nyutat tina
> buku Mikihiro Murayama
> tea. samemeh disana uing ngaku ti KUSnet. anggotana
> saalam dunya. nu
> haladir kareom. disangkana uing heureuy. ah, maklum
> garaptek meureun.
>
> Y. Herman Ibrahim terus ngajawab pananya. uing teu
> mere patarosan da
> rumasa, teu percaya aya kolonel komo jendral pinter
> (buktina ieu nagreg di
> urus tangtara cap orde baru teu baleg, korupsi kkn
> kalah ka mahabu -kuring
> nyarita kieu salaku urang kampus!).
>
> y herman ibrahim meureun nenjo catetanana euweuh
> pananya ti kuring, terus
> we nyarita soal eta. KUSnet siga nu masturbasi,
> nyarita antar
> masing-masing cenah. hadirin sareuri. uing harita
> rek balik. rek punduk
> jeung ambek. tapi panasaran hayang nyaho tungtungna.
> nya tungtungna mah
> nepi ka dahar beurang di hotel santika. nya kuring
> rada teu ambek teh
> pedah manehna ngaku kungsi lila 30-an jadi tangtara
> (pangkat pamungkas
> kolonel, angkatan wiranto), tapi teu reueus cenah,
> da teu kungsi perang.
> perangna ngan ukur maehan rakyat sorangan, jeung
> saterusna.
>
> kuring teu hayang debat jeung manehna. da percuma.
> sigana kolot model kieu
> mah geus kitu we, model jelema nu sakur-sakur nu
> kapanggih ku manehna,
> eta nu bener. haha. cenah manehna oge kungsi maca
> aya tulisan baraya
> KUsnet nu nyengseurikeun YHI percaya ramalan dukun.
> asana nu nyerat eta
> teh bah Willy kitu.
>
> manehna sok noongan KUSnet kitu? mangga atuh
> padungdung di dieu...
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
> [EMAIL PROTECTED]
>
Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?>
SPONSORED LINKS
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

