sae pisan pedarannana, kapayun diantos pisan pedaran nu sanesna dina
perkawis elmu kasehatan

Tur Nuhun
----- Original Message -----
From: "dadang rukanta" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, July 05, 2005 12:45 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Sampurasun-nyeri cangkeng


> Ngahaturkeun nuhun kana pang-bageana kang Ridwandi,kan ndoell,kang
> rahmat oge ayi oman (nu ieu mah tos wanoh ti kapungkur).
> Sumuhun ayi oman abdi teh lanceuk na boim (Iim Ruhimat-unisba), oge
> kantos 'masantren' di Salman. Leres oge ayeuna damel masih di RS AL
> Islam. Ka ahlian teh sarupaning panyawat dina 'organ' tulang, sandi,
> urat, boh nu kacilakaan atanapi panyakit lianna.  Janten sanes mung
> ukur 'manjangkeun tulang'. Kaleresan profesi abdi mah tiasa ngawarung
> ti enjing janten sonten na rada nyalse iwal ti lamun aya nu
> kacilakaan anatanpi kaayaan 'emergensi' (naon tah basa sundana).
> Jigana karesep kana 'pertulangan' teh nitis ti pun Aki nu ceuk cenah
> mah boga kabisa ngubaran nu tulang potong atawa misalah. (lembur teh
> di sumedang).
> kapungkur abdi Ngelmu di Unpad nu diteraskeun di Nagoya-Jepun kanggo
> neuleuman perkawis nyeri cangkeng, nu ceuk implengan mah kasakit
> nyeri cangkeng teh bakal jadi panyakit nu paling sering 'dikeluhkan'
> (naon sundana?) ku urang indonesia (oge sunda) di taun2 nu bakal
> datang.
> Kumargi ku bakal ngaronjatna yuswa urang indonesia (mingkin seu eur
> payakit 'degeneratif'). Oge ku beuki saeutikna aktivitas jalma anu
> ngagunakeun suku (aktivitas berjalan menurun), eta teh bakal
> ngaronjatkeun kasakit nyeri cangkeng jeung sabangsana (singsireumun
> suku, baal-baal suku, nyeri tuur jrrd). Pan heu euh nya siga baraya
> ayeuna nu ngadeluk we diuk dina hareupeun komputer, komo bari jeung
> tara olah raga. (sok geura itung ku baraya sabaraha jam sapoe urang
> diuk dina korsi).
> Numutkeun panalungtikan bobot awak dina kaayaan diuk ampir 80%
> dipancen ku tulang cangkeng, komo deui upami posisi diukna teu
> merenah/ teu 'aerodinamis' (teu ajeg, jeung kirang nyarande)
> aeh.. aeh punten yeuh janten ngaguar panyakit..., teu sawios-nya
> supados baraya teu janten pasen sim kuring, etang-etang uar-uar
> supados baraya nu insya Alloh yuswa panjang ulah dugi ka ngalaman
> nyeri cangkeng, komo deui upami tos disarengan ku sing sireumeun
> atanapi baal-baal suku. (margi pasen sim kuring tos ngawitan yeuh seu
> eur nu anom keneh, umur 30-han)
> Cag heula dugi ka dieu... geus merelek heuay.... keun sanes waktos
> urang guar deui perkawis nyeri cangkeng ieu... oge sim kuring hoyong
> ngabagi pangalaman cara janten 'dukun' urut di bumi nyalira, hatur
> lumayan kanggo 'P3K' (tuda sok keuheul lamun narima pasen cilaka
> misalah atanapi potong tulang teh, pitulung awal na sok salah bae,
> malah sok janten ngabahayakeun korban (komplikasi)...
> Punten ka kang kuncen abdi nyungkeun widi.. kanggo ngaguar anu tadi
> kasebutkeun di luhur....sanes waktos.
> cag..
> DR.
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke