Mangga kalebet kang Iman. Eta meni alus basa sundana, resep macana oge najan 
panjang ngabebay. kabita euy. Nepangkeun oge sim kuring durahman. Urang 
Cirebon. Ayeuna didamel di jakarta.

Mangga dilajengkeun.

-- 
wasalam,
DURACHMAN
----------
Email dijieun make KMAIL. Sistem operasi [linux] SimplyMepis
On Tuesday 05 July 2005 10:01, Iman Firmansyah wrote:
> Assalamu alaikum wa rohmatullohi wabarokatuh
>
> Hapunten kahatur ka saderek sadayana, sim kuring seja icikibung dina
> ieu kempelan. Ku kituna, nepangkeun sim kuring wasta pun Iman
> Firmansyah Anggayudha, ari galibna baraya mah nyaur abdi cekap ku Iman
> wae... Ari sarjana na mah sumuhun, namung perkawis pacabakan mah
> kaleresan, nya kitu tea, teuacan aya anu tetep, alias naon wae nu
> baseuh ku sim kuring dicabak... kahartos panginten ku para saderek oge.
> Rorompok sim kuring teuacan gaduh, masih keneh ngiring ngiuhan di
> saungna pun sepuh di Jl. Caringin No. 79/192C RT 07/13 Bandung 40222.
> Telepon 022-6078654. Saderek tiasa oge ngebel kana HP 085220534934.
> Anapon yuswa, sim kuring teh gening tos 29 taun, kalebet kana jajaran
> nonoman anu sakedahna mah tos teu atah deui. Tapi da kumaha, dugi ka
> danget ayeuna oge raraosan teh asa budak wae...
> Ngenaan status, Alhamdu lillah sim kuring parantos nikah sataun anu
> kapengker, mung ari bati mah kaleresan teuacan dipasihan. Panginten
> kedah rada getol dina ngaikhtiaranana.
> Sapagodos sareng Kang Dadang Rukanta, asa mobok manggih gorowong barang
> terang aya situs urang-sunda anu saleresna mah diantos pisan ayana ku
> sim kuring.
> Sumuhun pisan saderek, urang teh ari ngangken mah urang Sunda, tapi ari
> babasaan pacampur kaditu kadieu, komo teh teuing kana seni, budaya tur
> sajarah tatar-indung, deuh.. pimanaeun kana tiasa ngajembarkeun, dalah
> nu uninga oge mung tiasa kaetang ku ramo. Tah ku ayana ieu situs, mugia
> wae sing janten hiji dayaning upaya kana miara tur nanjeurkeun basa,
> budaya tur duduluran urang. Da ieu mah teu kalebet kana primordialisme,
> mangga Saderek emutan pidawuh para inohong bangsa yen ari jembarna
> budaya daerah teh justeru tiasa ngajembarkeun budaya nasional, sanes
> kitu!?



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke