AJALNA SANG BENTANG PILEM (Duduh Durahman)

Erlan Digjaya, bentang pilem sohor, kasampak geus jadi mayit di WC 
bioskop. Saha nu mateni Sang Bentang Pilem? Naon kasang 
tukangna? "Ajalna Sang Bentang Pilem", salah sahiji carita nu dimuat 
dina ieu buku. Sawelas carita sejenna, moal eleh rame, estuning matak 
pogot. Pangarangna geus moal bireuk deui, da puguh welasan taun 
ngasuh rohangan fiksi di majalah Mangle. Carita detektif dina ieu 
buku, mere pedaran ngeunaan panalungtikan kasus-kasus kriminal. 
Ditulis ku basa nu hirup, tapis dina ngulinkeun logika.

Pangaos Rp 23.000,-
Kiblat


AMANAT DINA NAPAS PANUNGTUNGAN (Mh. Rustandi Kartakusumah)

Dayat jeung Duduy, dua sobat nu ninggalkeun sakola alatan hayang 
bebela ka lemah cai. Dina napas panungtungan, Duduy mere amanat ka 
sobatna, sarta omat-omatan sangkan Dayat sanggup nepikeun eta amanat.
Lian ti "Amanat Dina Napas Panungtungan", aya deui carita-carita 
pondok sejenna nu dimuat dina ieu buku saperti "Mojang Dusun 
Meledug", "Laligar Kembang di Paris", jeung nu sejenna. Ditulis ku 
basa nu ngaleunjeur, beunang pangaran nu kawentar ku novelna Mercedes 
190.

Pangaos Rp 20.000,-
Kiblat





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke