Hatur nuhun akang2 sadayana (teteh2na mah teu acan aya).
Abdi panginten disebatna teh tatamu kang (tah upami janten langsung pribumi eta mah gumantung kana kasepakatan Kusner sareng RPC-na.
Da, pas nuju KOpdar di bogor bumina Apih Siddik, saur kang Hendra Wijaya urang2 teh tiasa ngeusian acara naon wae (contona kusnet) di RPC. Tah panginten upami konsep acarana tos jelas tur rapi mah, insya Alloh ku Kusnet Bogor badi dibadantenkeuni deui sareng pihak RPC tea.
 
Tah kumargi kitu kasaha bae khususna kusnet bogor nyuhunkeun ngiring ilibiungna dina nyusun tur ngalaksanakeun ieu ide. Diantos pisan partisipasina.
 
Baktos,
 
Runa Inawan - Kusnet, Bogor

 
On 7/6/05, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Runa....alus tah nepi ka bisa gawe bareng jeung RPC...!!
Alusna mah ngabahas buku tatanen (pertanian) dina basa Sunda, baheula mah da buku buku tatanen teh loba dina buku basa Sunda, malah Djawatan Pertanian Rakyat Propinsi Jabar ge ngaluarkeun buku tatanen dina basa Sunda ngarupikeun majalah (ukuran A5) sigana kaluarna unggal bulan ngarana majalahna PA TANI.
Di kuring aya lima buku kaluaran taun 1953 bulan April, Mei, Juni jeung Agustus (ngan sakitu....teu lengkep...) panganteurna ku basa Sunda, malah aya buku bab tatanen anu di dangdingkeun mun teu salah terbitan taun 1930an ( ieu buku keur aya nu nginjeum, can dibalikeun....)
Sigana jaman kiwari ge bab tatanen mah masih keneh keuna lamun make basa Sunda, contona melak Gedang, melak kemir (tomat),miara belut, jste, jeung ongkoh deuih radiona ge apan Radio Pertanian, cobaan menta respon ti anu ngadarengekeun naha buku tatanen (anu sederhana) mending ku basa nasional atawa ku basa Sunda.
 
Ke...ari Kang Runa teh sabage host (pribumi) atawa jadi tatamu dina eta acara teh..?, alusna mah langsung jadi pribumi supaya leuwih bebas ngagaleongkeun eusina padungdengan.
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke