eta, ngobrolkeun kurupuk aci cikoneng teu beja-beja ka urang? urang teh
turunan tukang kurupux cikoneng. kamari panggih jeung balad SMA urang
Kujang Cikoneng, sarua, beres SMA teh ka Malang, muka pabrik kurupuk aci
(sampeu). ngan teu lila, can bisaeun meureun.

urang cikoneng enya, kawentar tukang kurupuk. mabrik dimana-mana. atawa
mun aya pabrik kurupuk bodas, talek geura, pasti urang cikoneng (75%
meureun ayeuna mah dan urang kawali oge geus maruka oge pabrik kurupuks.

aya carita:
Si Didin Santa (di lembur urang, ngaran babaturan teh sok ditambahan
ngaran bapana, urang mah henteu tapi), babaturan ulin, sakolana ka STM
swasta di tasik. kerja praktekna di Krakatau Steel Cilegon.

kumaha carana sangkan boga tempat pikeun mihape sare? manehna nuturkeun
tukang kurupuk nu kabeneran liwat. milu balik ka pabrik kurupuk. terus
pancakaki we jeung nu boga pabrik. urang Cikoneng tea. nya bisa mihape
sare salila kerja praktek. hehe.


mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke