Bapana si Adul boga domba 10 siki, ari nu sok ngangonna nya si Adul. Hiji poe, balik ngangon domba si Adul ngarasa reuwas sabab sanggeus diitung dombana euweuh hiji. Puguh we bapana si Adul teh napsu kabina-bina barang nyahoeun yen domban leungit hiji. "Dasar budak bangkawara, ngangon domba wae teu belul nepi ka leungit sagala!" Si Adul murungkut bari undur-unduran nempo bapana ambek teh, sieun dicabok tayohna mah. "Geura indit deui siah, teang ku sia domba teh! Montong balik mun can kapanggih!" omong bapana si Adul.
Si Adul gura-giru indit ti imahna, lain ku rusuh-rusuh teuing neangan domba sabenerna mah. Pang-pangna mah sieun bapana beuki napsu laju nyiksa manehna. Si Adul leumpang rurusuhan muru tegalan urut manehna ngangon domba tea, tapi nyamos, domba nu leungit teh euweuh di dinya. Sanggeus nyata euwueuh mah di tegalan, si Adul nuluykeun hancana neang domba leungit tea. Lalampahan neang domba teh nepi ka sisi leuweung. "Kagok borontok, najan ka leuweung ge rek diteang ku aing", cek si Adul na jero hatena. Keur kukulintingan di sisi leuweung, si Adul teu ngahaja nempo sapasang manusa nu keur bobogohan di handapeun tangkal. Si Adul jadi poho kana hancana neang domba leungit tea, kalah jongjon noong nu bobogohan. Eta nu bobogohan teh teu apaleun aya nu noong, jongjon we bobogohan, pokona mah dunya asa nu duaan. Ku sabab ngarasa euweuh nu nempo, si lalaki nu geus napsu beuki lila beuki wani. "Nyi...akang hoyong..." si lalaki ngaharewos bari haroshos awahing ku napsu. Mimitina si awewe nolak, sieun aya nu nempo jeung sieun mamalana. "Tong sieun nyi, keun aya nanaon mah akang baris tanggung jawab, moal...akang mah moal ek kabur mun aya nanaon mah." harewos si lalaki nu sorana beuki ngageter teh. Ku dirayu tuluy-tuluyan, katambah kaayaan disisi leuweung nu sepi tea, tungtungna si awewe daekkeun. Der weh caritana mah tanu bobogohan teh 'galungan'. Si Adul nu noong ti kajauhan beuki molotot matana nempo eta 'UFC' teh. Beres 'gulat bebas', si lalaki ngalungsar nyarande dina tangkal bari ngelepus udud, ngareureuhkeun kacape tayohna mah...tas 'gulat bebas' tea atuh....:) Bari ngalungsar, si lalaki nyarita, "tuh nyi....ari tos kieu teh asa caraang alam dunya teh, wah pokona mah alam dunya asa caang teh lain bobohongan, kabeh eusi dunya asa katempo ku akang." Si Adul nu keur noong barang ngadangu omongan kitu, teu sirikna ngajleng bari surak, poho yen manehna teh keur noong nu bobogohan, laju si Adul teh ngomong.."KANG DOMBA ABDI KATINGAL TEU?" __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

