Janten yi, domba na mah teu acan kapendak nya? Diantos hanca salajengna.
 
Salam,
ika

bigguy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bapana si Adul boga domba 10 siki, ari nu sok
ngangonna nya si Adul. Hiji poe, balik ngangon domba
si Adul ngarasa reuwas sabab sanggeus diitung dombana
euweuh hiji. Puguh we bapana si Adul teh napsu
kabina-bina barang nyahoeun yen domban leungit hiji.
"Dasar budak bangkawara, ngangon domba wae teu belul
nepi ka leungit sagala!" Si Adul murungkut bari
undur-unduran nempo bapana ambek teh, sieun dicabok
tayohna mah. "Geura indit deui siah, teang ku sia
domba teh! Montong balik mun can kapanggih!" omong
bapana si Adul.

Si Adul gura-giru indit ti imahna, lain ku rusuh-rusuh
teuing neangan domba sabenerna mah. Pang-pangna mah
sieun  bapana beuki napsu laju nyiksa manehna. Si Adul
leumpang rurusuhan muru tegalan urut manehna ngangon
domba tea, tapi nyamos, domba nu leungit teh euweuh di
dinya. Sanggeus nyata euwueuh mah di tegalan, si Adul
nuluykeun hancana neang domba leungit tea. Lalampahan
neang domba teh nepi ka sisi leuweung. "Kagok
borontok, najan ka leuweung ge rek diteang ku aing",
cek si Adul na jero hatena.

Keur kukulintingan di sisi leuweung, si Adul teu
ngahaja nempo sapasang manusa nu keur bobogohan di
handapeun tangkal. Si Adul jadi poho kana hancana
neang domba leungit tea, kalah jongjon noong nu
bobogohan. Eta nu bobogohan teh teu apaleun aya nu
noong, jongjon we bobogohan, pokona mah dunya asa nu
duaan. Ku sabab ngarasa euweuh nu nempo, si lalaki nu
geus napsu beuki lila beuki wani. "Nyi...akang
hoyong..." si lalaki ngaharewos bari haroshos awahing
ku napsu. Mimitina si awewe nolak, sieun aya nu nempo
jeung sieun mamalana. "Tong sieun nyi, keun aya nanaon
mah akang baris tanggung jawab, moal...akang mah moal
ek kabur mun aya nanaon mah." harewos si lalaki nu
sorana beuki ngageter teh. Ku dirayu tuluy-tuluyan,
katambah kaayaan disisi leuweung nu sepi tea,
tungtungna si awewe daekkeun. Der weh caritana mah
tanu bobogohan teh 'galungan'. Si Adul  nu noong ti
kajauhan beuki molotot matana nempo eta 'UFC' teh.

Beres 'gulat bebas', si lalaki ngalungsar nyarande
dina tangkal bari ngelepus udud, ngareureuhkeun kacape
tayohna mah...tas 'gulat bebas' tea atuh....:)
Bari ngalungsar, si lalaki nyarita, "tuh nyi....ari
tos kieu teh asa caraang alam dunya teh, wah pokona
mah alam dunya asa caang teh lain bobohongan, kabeh
eusi dunya asa katempo ku akang."
Si Adul nu keur noong barang ngadangu omongan kitu,
teu sirikna ngajleng bari surak, poho yen manehna teh
keur noong nu bobogohan, laju si Adul teh
ngomong.."KANG DOMBA ABDI KATINGAL TEU?"



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Sell on Yahoo! Auctions - No fees. Bid on great items.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke