Sakali deui wilujeng ngagabung. Nuju keur budak mah pribados oge ari peré teh sok rajeun nganjrek di pun ua di Manyintreuk Buah Dua. Saur pun biang (urang Hariang), jaman kapungkur mah sabangsaning lintar téh upami teu di Cikandung (antawis Hariang - Wanasari) jajalaneun ka Surian téa, ogé di Cipunagara (daérah Walahar wates antawis Indramayu, Subang sareng Sumedang).Ayeuna duka kumaha kondisina. Upami teu lepat mah ka Surian ogé tos tiasa ti JIngkang atanapi raos kénéh ngalangkungan Sanca. Kapungkur mah meuntasan Cipunagara téh kedah nganggé jukung; pribados ogé kantos sakali-kalina ka daerah dinya téh, tapi badé lintar sareng milarian hurang anu sanés deui.
setia hidayat <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :
setia hidayat <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :
hatur nuhun kana pangangken wargi-wargi sadaya..:)
sim kuring mah ti sumedangna ti tanjungkerta. ayeuna
matuh di bandung. insya Alloh ngalangkungan ieu milis
urang tiasa nyumponan paripaos:
"nu jauh urang deukeutkeun..
geus deukeut urang layeutkeun..
geus layeut urang paheutkeun...
geus paheut silih wangikeun.."
mudah-mudahan tatar sunda mah, tetep dijaring diaping
ku gusti Alloh sareng ku para luluhur urang
sadaya..amin...
bilih kagungan inpormasi dimana aya susukan atanapi
walungan anu masih seueur hurang sareng beunteurna,
mugi kersa ngawartosan, margi leres pisan karesep teh
kana nguseup sareng ngecrik, ngaprak ka sakuliah jawa
barat nu aya walunganana malih sakapeung mah dugi ka
jawa tengah oge..:P
cag ah
-aki beunteur-
________________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?>---- HM ADS ?>
Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

