congklak : geus aya lombang2na 7 ngajajar dihareupeun lombang 7 ge aya 
deuih 7 lombang, 2 lombang badag digigir-gigirna, lombang eta dieusian 
ku siki asem atawa siki congklak (nu geus disadiakeun), atawa bareto 
mah mun congklakna dina taneuh, sikina sok ku batu laleutik... lombang 
dieusian masing2 7 siki.. ari lombang gede minangka lombang rajanamah 
ghenteu dieusian, dipaenkeun ku 2 urang teu bisa leuwih.. sanggeus 
kabeh lombang leutik dieusian, tuluy salahsahiji nu maen nyokot 
lombang, nya dipapaykeun nepi ka beakna siki.. giliran ieu nu lombang 
gede (tabungan manehna, nu beulah kencaeun nu maen) ge dieusian 
sasiki, lasutna teh mun siki nu pamungkas nempatan lombang nu kosong.. 
mun dina nu lombang luhur aya eusian disebutna "nembak", siki nu 
lombang kosong, jeung siki luhureunana dibawa jadi hak milik nu maen 
eta... nya geus kitu mah bagilir bagean pamaen lawanna da lasut tea.. 

~ipuP~




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke