Atos Teh, mangga diparios. Ieu entri enggal SASAMUNIAN, mangga 
ditambihan/dilereekeun:

Sasamunian: 
Kaulinan ieu (petak umpet; Bahasa Indonesia) kawentar di mamana, 
hususna di Indonesia. Nu maen pangsautikna 2 budak tapi tangtu 
leuwih loba leuwih rame. Salah saurang budak kapeto jadi jaga ku 
cara hompimpah jeung atawa pingsut.

Cara ulinna, kabeh budak salian nu 'jaga' nyumput/nyamuni sabuni-
bunina. Budak nu jaga boga pancen kudu nimukeun babaturanna ieu. 
Sacara umum, budak nu pangheulana kapanggih panyumputanna jadi jaga 
mun sakabeh budak geus kapanggih. Barudak nu geus kapanggih bisa 
mantuan neangan sesa baturna nu can kapanggih, bisa oge henteu 
gumantung aturan maen nu disatujuan samemeh maen.

Aturan maen nu sejenna biasana mah ngeunaan wewengkon (daerah- 
Bahasa Indonesia; area-English) nyaeta wates2 panjauhna hiji budak 
meunang nyumput/nyamuni teh diatur dina aturan maen teh nu 
disatujuan samemeh maen. Mun aturan ieu aya nu ngalanggar, budak nu 
ngalanggar otomatis ngagantikeun nu jaga, atawa jadi jaga di ronde 
saanggeusna mun manehna kapanggih pangpandeurina.


--- In [email protected], "Mpup" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> naha ieu teu acan dilebetkeun??





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke