Bagea Kang/Bapa Epi? Nepangkeun sim kuring Yudi, kawit mah Kuningan. Ngangken urang Sunda pedah we diageungkeun di lembur Sunda. Ari pituin mah duka ti mana sanaos pun ibu, pun bapa, pun aki sareng pun nini opat2na ti Kuningan sadaya. Ayeuna sami nuju tebih ti lembur sok mindeng waas hehe
Ah Sunda mah teu langkul agul ti seler sajen Kang, pan ari budaya mah pikeun ngamerenahkeun hirup urang, janten teu kedah dipaksakeun sanes? Kumaha merenahna wae. Diageungkeun ku Sunda atuh Nyunda sanajan lahir boh ageung di mana oge. Tapi tangtos kacida saena tuang putra teh diwanohkeun ka asal jeung usulna panginten. Punten ah sanes ngawurukkan, mung ngarencangan wawaasan wae ieu mah Baktos y --- In [email protected], "Hepi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Asa waas maca tulisan-tulisan sunda > inget baheula basa keur lembut keneh > pasosore badha asar aya girimis > bapa almarhum bari disasarung maca mangle > dibaca ditarikkeun rada dikawihkeun > "dengekeun aya dongeng alus" cenah > kuring sadulur jeung ema ngariung > sila emok paadu bitis > ------ > cita-cita boga pamajikan urang sunda > meh bisa diajak ngumbara ka alam keur budak > ngan putus jeung putus wae > kalahka meunangkeun urang sabrang > beda adat jeung omongan > dibawa kalembur teu betah > di ajak ka baraya teu bisa ngomong > ---- > Mendak milis urang sunda > asa mulang deui ka jaman baheula > ting torojol mani waas > palinter ngaromong sunda ning batur mah > ari kuring ngan logat hungkul nu nyunda > sok diseungseurikeun ku si cikal > papa naon papa naon cenah > --- > -epi- Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

