pun emang oge, (lain emang teges tapi), emangna lanceuk beuteung.. kawitna kapungkurna mah jadi tukang kurupuk nu ditatanggung nyanyandak jemblung.. ari ayeuna muka pabrik kurupuk di babakan tarogong kopo bandung, kurupukna dimerekan "mekar".. mun ka ditu teh resep nempo pabrikna lega, da lega soteh paragi moe kurupuk... jeung deui nempo ka pabrikna, aya geuleuh mah da hararideung, katelna sagede-gede doblag, aya sababaraha hiji katel, jeung aya tungku sagala... ngan hawana panas pisan...
~ipup~ --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > di lembur kuring Gunungcupu cikoneng, aya conto sukses nu mabrik kurupuk. > budakna lima jaradi sarjana sadayana (anggap we budak jaradi sarjana teh > conto kolotnu sukses dina widang ngatik). imahna di lembur sigrong ngan > sok sepi. da seseringna di bandung. balong jeung sawahna lega, malah bisa > jadi pangbeungharna sa lembur mah. > > haji Radjudin mabrik kurupukna di Bandung. nya ti baheula mula. persisna > di peuntaseun Bale Wiwaha (kantor Badan pengembangan pembangunan BAPPEDA > prop. jabar) dago, aya jalan ka jero saeutik. buntu. di dinya teh > panganjrekan jeung pabrik kurupuk merek RDN. ti Radjudin. biasa tukang > kurupuk mah mere merek pikeun kurupukna teh ku singkatan ngaran nu > gaduhna. UDN, Udin, HSN, Hasan, jst. > > daerah dago dinya aya sawah keneh sababaraha kotak, nu anjeuna. cenah mah > ayeuna teh gaduh pom bensin sagala di cianjur. bati mabrik kurupuk. duka > nu kasabaraha, turunanana muka pabrik kurupuk di cibiru, persis perbatasan > kota + kab bdg. manehna sarjana ti ikopin. > > cenah mah mimitina mah diajar heula, jadi pagawe pabrik kurupuk ka batur. > geus bisa sagala rupana muka sorangan. > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > [EMAIL PROTECTED] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

