Hehehe.....nyaeta atuh Kang Oman, matak lieur nyakolakuen bodak
jaman ayeuna mah. Kuring oge keur leneng ieu teh, si Cikal kakara
lulus SMU. Pangangguran testing USM ITB (jalur khusus) nu mayarna
mahal. Sina ngilu teh itung-itung latihan we, da teu kuat ari
kudu mayar Rp. 45 juta mah. Ari pek teh lulus, ditarima. Kuring
jadi bingung, da rumorna cenah lamun teu diasupan, bakal
diblack-list ku ITB, percuma ngiring SPMB oge. Tapi kulantaran
kuring henteu boga duit saloba kitu, nya budak teh tetep we sina
ngilu deui testing make jalur biasa (SPMB), keun we kumaha engke
lulus henteuna mah, aya cadangan sakolana pangulinan MJ .........

Baktos,
WALUYA


> Para wargi,
>  Kamari, teu kuhanteu, kulantaran keur jadi salah saurang kolot
> siswa kelas
> 3 smp anu ayeun-ayeuna ieu keur kacida pahibutna urusan neruskeun
> sakola
> budakna, si kuring teh kapancenan kudu miluan demo. Anu miluan
> demo teh
> sabagean gede siswa jeung kolotna ti sakola-sakola smpn di
> Bandung anu geus
> ngalarapkeun sistem atika KBK (kurikulum berbasis komptensi)
> nyaeta SMPN 2
> jeung SMPN 13 Bandung. Demo dipidangkeu ka Dinas Pendidikan Kota
> Bandung,
> hareupeun stadion Persib anu di Jl. Ahmad Yani, Bandung.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke