Walaikum salaaaaam warohmatullohi wabarokaaaaatuh...

Ehm..!
Kang Atif..
Nepangkeun oge ateuh (bari ngasongkeun panangan nu rimbil ku batu ali)
nami mah Nanang, urang Kuningan oge sami...ngan ti Linggarjati-na 
abdi mah...
ayeuna Jakarta, damel. nyaaa...sacabak-cabakna we...
da geuning resep cubuk-cabak teh...
henteu ari cubak-cabok mah...
gaduh saung alit keur ngiuhan mah di Depok.
Kitu kang Atif, reueus atuh aya urang salembur ngiring ngariung
di Kusnet mah.

Urang kuningan ge seueur di dieu teh, komo di kuningana mah..
heu heu..
Aya Kang Yudi Irmawan, Kang Lingkar nurindang, aya Teh Titi...
saha deui nya..? (bari gagaro..)
ah..seueur lah...ke ge patembalan geura pami dihaukan mah..

sok atuh mangga diguar pangalamanana, beberkeun dongengna
ramekeun ieu pilemburan.


Sok ah, ek siduru deui
-ndoell-


--- In [email protected], natadisastra atif 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> assalamualaikum wr.wb
> nepangkeun ka sadayana angota kusnet nu kusimabdi di pihormat, 
salam pang wanoh ti abdi wasta atif natadisastra, yuswa 24 taun, 
kawit ti kuningan, tos 8 taun linggih di bandung dina raraga ngalap 
elmu di UPI Bandung, kawit s1 dugi ka ayeuna di s2, padamelan 
sadidinten janten dosen, sareng instruktur di diklat propinsi Jabar.
>  
> salam
> atif
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


<<< Kadek ah ... >>>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke