WIlujeng piknik MJ. Reseplah ka Pangandaran teh. Kuring basa malem tahun baru maksakeun ulin ka Pangandaran da geus janji jeung barudak, bari sieun aya tsunami oge. Malem tahun baru 2005 di pangandaran teu patos rame, da jelema loba keneh nu ginggiapeun ku tsunami di Aceh. Loba urang pangandaran nu ngalutruk da panginepan/ rumah makan jeung nu sejeunna henteu payu. Anehna loba nu nyalahkeun wartawan, gara-gara wartawan, cenah, nu piknik tahun-baruan ka pangandaran jadi saeutik. Duka koran naon harita teh ngawartakeun, kamungkinan tsunami oge bakal kajadian di basisir kidul pulo Jawa.
Liburan saokola barudak ayeuna mah, kuring mah teu bisa piknik, paciweuh jeung pagawean. Isukan kuring arek ka Atambua NTT saminggu. Pamajikan oge keur Diklat di Ciawi Bogor. Atuh di imah teh ngan aya barudak we tilu, opatan jeung nu mantuan di imah. Keun we ah, barudak sina bisa mandiri. Nu dipikapaur teh eta sok hog-hag wae, maklum bebenyit, aya we nu dipaseakeun teh ..... Baktos, WALUYA > > > isuk kemis nepi ka minggu si kuring saparakanca oge babaturan di > pangulinan safakultas bade ka pangandaran. piknik taunan nu > didanaan ku > pangulinan. > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

