Kang rahmat anu abdi terang mah Konsep RT/RW Net teh jaringan sababaraha komputer (PC) di lingkungan RT/RW tangtos aya salah sahiji komputer anu janten server, server ieu nu tiasa konek ka internet konek kanu sanesna nganggo kabel Coaxial (kabel ieu nu biasa dianggo kumargi mirah sareng rada kiat) mung kabel ieu gaduh wates 100 M antawis komputer hiji ka komputer nu sanesna, upami langkung ti 100 M teu tiasa. Salesresna aya kabel nu sae nganggo Fiber Optik mung awis sareng deui bilih aya nu maling he he.....terang nyalira diurang mah Kabel PLN wae sok aya nu maling.
Upami ditempat abdi mah aya dua rupi 1. Nganggo kabel Hargana : Setup 950000, tiap sasih biayana mung 250 Rebu Unlimit - bebas teu aya wates. 2. Nganggo Anteneu : Harga + Setup teh Rp. 3000000, tiap sasihna 250 Rebu Oge. Mung RT/RW Net ieu teu acan seueur dijakarta oge nu abdi terang mah nembe daerah rawamangun,cempaka putih. Di Bekasi aya mung teuacan di publish, Upami di depok raraosan tos aya hilap deui nami ISPna ke ku abdi diwartosan deui mudah-mdahan bumi kang rahmat sareng ISPna henteu tebih teuing kumargi ieu oge aya wates maksimal sabarah kilo ti ISPna teh, Upami didaerah bandung anu abdi terang mah asa daerah jalan halimun/palasari upami teu lepat mah. Kang Rahmat saleresan abdi oge masang mah teuacan kumargi ka server langkung ti 100 M, eta oge tos nyobian ka tatanggi ngajakan mung katingalna mah teu acan aya nu minat, bade nganggo anteneu nuju diemutan keneh artosna he he.... Sakitu heula kang mamanawian kaanggo hapunten kana kakiranganana, ke insya alloh saenggalna di wartosan deui Kanggo ISP nu tiasa RT/RW Net didaerah depok. Salam @ERN On 7/13/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang, kuring hoyong guguru, siga kumaha konsep RT/RW > net, sabaraha waragadna sareng naon wae anu kedah > disayagikeun. Kahoyong mah tos tiasa di "launching" > dina ping 17 Agustus. Insya Allah kuring bade > nerapkeun di RT sim kuring. Infona di japri wae. Hatur > nuhun. > > baktos, > > mrachmatrawyani > > --- Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Pak Michael oge sigana salah sahiji panggagas konsep > > RT/RW Net > > Jaringan Internet Sareng Pak Onno+Nusanesna, > > allhamdulilah tos > > sababaraha komplek dibogor anu tos nganggo konsep > > RT/RW Net ieu > > Kalebet Komplek tempak kuring cicing. > > > > Salam > > @ERN > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

