Baraya, khususon ka Kang Dede,
Leres Kang, ayeuna katawisna barudak teh langkung palinter tinimbang kapungkur. Eta bae, contona, upama nyandak 8 SMAN di Kota Bandung anu passing grade (pg) minimal pang luhurna (tina kl 26 sman), pang handapna teh ukur 27,03. Ieu teh upama nyoko kana aturan pg keur panarimaan lulusan smp anu rumusna 80%*UAN + 20%*UAS, hartina nilai UA siswa smpn anu katarima di 8 sman di luhur teu kurang ti rata-rata 8,5. Malah, di SMAN 3 Bandung mah taun ieu moal aya siswa kelas 1 anu nilai UA smp-na kurang ti rata-rata 9. Ruarr biasa cekeng ge.
Enya luar biasa (leupas tina ayana rumor anu nyaritakeun yen nilai UAS ti sababaraha smp digedekeun, ghaib nu kitu mah, upama dituturkeun bisa kaasup fitnah). Sabab, taun kamari, rata-rata UA siswa smp 8,5 teh masih bisa katarima di SMAN 3 sanajan pangbuncitna dina ranking katarimana.
Tulisan kuring dina jejer ieu boh kahiji atawa kadua utamana ngebrehkeun perkara henteu tuntasna ngalaksanakeun sistem atikan KBK. Anu dimaksud henteu tuntas teh nyaeta henteu tuntas dina ngalarapkeun ti mimiti atikan sapopoe, soal-soal anu diujikeun jeung cara nganilaina. Leuwih khusus, tulisan si kuring samemeh ieu rada nganaha-naha ka lembaga smpn 2 anu kurang tangginas dina nyanghareupan ngaronjatna "prestasi" smp-smp sejenna, boh papada sakota Bandung atawa luar Kota Bandung. Hal ieu kabuktian ku "prestasi" lulusan ieu sakola anu kawilang morosot taun ieu (upama disawang tina jumlah murid anu katarima di sman-sman ranking luhur di Kota Bandung).
Nalika nuliskeun ieu jejer anu 2 runtuyan teh aya rarasaan yen barudak lulusan smpn 2 taun ieu baris jadi "martir". Sabab, kareret, taun ieu loba lulusan SD anu geus daftar ka smpn 2 ngabolaykeun (nyabut pendaftaranana) tur pindah ka smpn sejenna anu prestasina ngaronjat (dumasar tina lulusanana anu katarima di sman-sman rangking luhur). Tah, ceuk rarasaan atawa logika, tangtuna oge ais pangampih smpn 2 taun hareup, "kumaha bae carana" salila kongang, tangtu baris ngaronjatkeun prestasi lulusanana nepi ka, sakumaha taun-taun samemehna, loba (kl antara 60-100 siswa) anu katarima di sman-sman ranking luhur tadi. ieu teh upama ukur nilai UA anu jadi patokan.
Baktos,
manAR
On 7/14/05, Dede Ruhiyat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur baraya,
barudak nu lain nu SMPna di Indo. Nu matak reueus nyaeta "kamajuan" nu matak hookeun ku
nilai NEM barudak jaman ayeuna, naha da NEM 27, 28,29 jeung 30 teh geus jadi ilahar, jadi
rata-rata nilaina salapan keur pelajaran Matematik, B. Inggris jeung basa Indonesia. Sigana
mun aya nilai 11 oge tangtu bakal kahontal (tapi tong suudzan ketah) Padahal
mun dibandingkeun jaman bareto sim kuring sakola nilai 5 oge seuseut seuat. Muga muga we
ieu teh minangka "suksesna" guru ngajar, nya tungtungna ari kitu kaayaana mah ku sim
kuring rek sena balik deui we. Sim kuring nu teu nyaho balukar pangajaran di lembur urang,
naha bener eta teh minangka kamajuan?, sugan aya baraya nu ilubiung dina dunia pendidikan
diantos rspon na. wassalam
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Urang teraskeun lalampahan jeung lalakon ieu jejer saterusna:
Aya sababaraha fakta/kajadian dina panarimaan siswa smp-smp di sman-sman di
kota Bandung ayeuna-ayeuna ieu anu pikamelangeun. Ieu fakta atawa kajadian
teh balukar tina sababaraha hal anu kembangna geus disebutkeun dina jejer
ieu bagian (1):
a) kusabab aya bebedaan sistem atikan antaran KBK jeung non KBK. ]
b) Anu kadua, kulantaran dina nganilai hasil atikan (kaasup hasil ujian)
jeung cara panarimaan siswa di SMAN-SMAN di Kota Bandung disaruakeun antara
siswa SMPN KBK (smpn 2 jeung smpn 13) jeung non KBK oge heunteu dibedakeun
(heunteu aya test khusus) antara siswa smpn-smpn asal Kota Bandung jeung
luar Kota Bandung.
Dina nitenan kanyataan anu rek ditepikeun di handap ieu, aya hadena diinget
deui syarat nilai akhir asup ka sman-sman anu larap di sakuliah Indonesia
danget ieu. Ieu syarat teh nyaeta kieu: nilai ujian akhir (NUA) pikeun
ditarima di sman tujuan diitung tina 80% nilai ujian nasional (UAN) + 20%
nilai ujian sakola (lokal atawa UAS). Anu dujikeun dina UAN nyaeta 3
pangajaran (B. Indonesia, Matematika, jeung B. Inggris). Anapon anu
diujikeun dina UAS aya 4 pangajaran (PPKN, IPA (biologi jeung fisika), Agama
jeung IPS). Kukituna, NUA max anu mungkin kahontal ku siswa smpn teh nyaeta
32.
Fakta atawa kajadian anu dimaksud teh nyaeta kieu:
1) Passing grade asup ka sman-sman jadi ngaronjat pisan, anu matak
pikaheraneun jeung nimbulkeun paciweuh nalika waktu daftar lulusan smp di
Kota Bandung anu samporet (praktisna ukur 5 poe). Pikeun gambaran, upamana
bae nyokot sababarah sman salaku standar, ieu fakta teh bisa digambarkeun
sperti kieu:
a). Passing grade asup ka sman 3 upamana, panghandapna (NUAmin) 29.5. Anu
dumasar rumusan itungan NUA di luhur ieu teh hartina budak smp kudu boga
nilai ujian akhir anu 7 pangajaran teh rata-rata 9,2. Komentar si kuring:
hebat, lamun enya murid anu katarima di sman 3 Bandung panghandapna boga
rata-rata NUA tin pangajaran anu 7 (Matematika, IPA, IPS, Agama, B.
Indonesia, PPKN jeung B. Inggris) teh gedena 9,2. Siga kumaha engkena ieu
sman 3, ruar biasa.
b) Murid-murid lulusan smp jeung kolotna tangtuna dina daftar ka sman teh
nyoko kana passing grade taun samemehna, kulantaran sakumaha dina "butir" a)
jeung b) di luhur, loba siswa anu kabelejog, dumasar kana hasil UAN-na
disangka bisa katarima di sman tujuanana (anu mimiti), tapi kanyataanana
heunteu kitu, alias loba anu kasered (heunteu katarima di sman tujuanana anu
mimiti);
c) balukar tina kaayaan 1) b), loba anu nyabut pendaftaran lantaran teu
katarima. Antukna sesa waktu penaftaran anu ngan sapoe (poe saptu anu
kaliwat) ngabalukarkeun pahibut jeung paciweuhna daftar ka sman-sman anu
dibalitungkeun baris nampa UAN-na (baris katarima). Kaaayan nyabut
pendaftaran di smpn asal jeung dafta anu kadua di sman-sman tujuan anu anyar
badis bae di pasar: pabaliut jeung henteu tartib. Pamustunganana, pikeun anu
henteu rajin ngamonitor mah loba anu lapur, teu katarima pisan di sman-sman
anu jadi tujuanana, boh di sman piliha kahiji atawa kadua (utamana anu
NUA-na pas-pasan). Hal ieu teh kulantaran passing grade anu nyered.
2) Sababarah sman favorit, atawa ranking luhur (sebut bae di Kota Bandung
mah 8 sman, nyaeta: sman 3, sman 8, sman 5, sman 2, sman 4, sman 20, sman 1
jeung sman 24) dipinuhan ku siswa-siswa smp ti lujar kota Bandung atawa ti
Kota Bandung keneh ngan loba anu asalna lain ti smp-smp favorit, komo asal
smpn anu geus ngalaksanakeun KBK mah misleuk pisan;
3) "Prestasi" siswa smpn KBK, khususna smpn 2 Bandung anu jawara kadua
sajawa barat (dina prestasi akademik) disawang tina anu katarima di 8
sman-sman rangking luhur sakumaha dina 2) diluhur ku matak helok. Upamana
bae keur gambaran: siswa smpn 2 anu katarima di sman 3 teh dina taun ieu
(kacindekan sawatara0 ukur 14 siswa. Padahal taun-taun samemehna tara kurang
ti 60 siswa smpn 2 anu katarima di sman 3. Kecap prestasi ngahaja make tanda
" " sabab NUA teh apan dinilai kalawan henteu adil tea (jumlah soal ujian
leuwih saeutik, henteu dilarapkeun sistem nganilai ujian cara KBK bari jeung
hasil UAN-na nalika dipake asup ka sman-sman disaruakeun jeung siswa anu non
KBK boh ti Kota Bandung atawa luar Kota Bandung;
Kulantaran kajadian jeung aturan-aturan, boh sistem atikan, ujian, cara
nganilai hasil ujian, jeung cara panarimaan siswa lulusan smp-smp, sakumaha
disebut di luhur, nya siswa smpn 2 jeung kolotna ngayakeun demo sakumaha anu
ges ditepikeun dina jejer ieu bagean kahiji.
Fakta sejenna anu siga tamiang meulit ka bitis pikeun lembaga smpn 2: Taun
ieu loba barudak lulusan SD anu nyabut pendaftaran ka smpn 2 bari tuluy
dipindahkeun ka smpn sejenna anu henteu ngalarapkeun sistem atikan KBK
(umumna, prestasi ieu smp-smp teh - upama ditilik tina siswa lulusanana anu
katarima di sman-sman ranking luhur - alus alias seueur anu katarima).
Munasabah kitu na mah, da pamustunganana masyarakat mah praktis bae: keur
naon nyakolakeun budak di smpn KBK ari hasilna nguciwakeun mah.
Kumaha nasib siswa jeung smpn anu ngalarapkeun sistem atikan KBK saterusna?
Mangga nyanggakeun.
baktos,
manAR
On 7/12/05, roisz < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> heug bener atuh ari kitu mah semboyan ieu teh kang
>
> "Orang Miskin Dilarang Sekolah"
> "Orang Miskin Dilarang Sakit"
>
> da sakola jeung rumah sakit teh hargana salangit.
> asa nyeri hate waktos ninggal iklan rokok sampoerna e-mail, dimana tokohna
> iklanna mawa duit sakantong tuluy eta duit diasupkeun kana mesin nu eusina
> Toga. naha ari di luar nagri mah sakola teh pada haratis. di urang mah
> pegadaian nepi ka pinuh unggal tahun ajaran anyar teh.
>
> matak teu eureun2 ieu hate ngucapkeun Syukur kanu kawasa, ngabogaan kolot
> nu teu mibanda tapi ngusahakeun bisa nyakolakeun dugi ka tingkat universitas
> mesing can lulus-lulus ge. hatur nuhun miwah bapa tur ema.
>
> On 7/12/05, Waluya <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
> >
> > Hehehe.....nyaeta atuh Kang Oman, matak lieur nyakolakuen bodak
> > jaman ayeuna mah. Kuring oge keur leneng ieu teh, si Cikal kakara
> > lulus SMU. Pangangguran testing USM ITB (jalur khusus) nu mayarna
> > mahal. Sina ngilu teh itung-itung latihan we, da teu kuat ari
> > kudu mayar Rp. 45 juta mah. Ari pek teh lulus, ditarima. Kuring
> > jadi bingung, da rumorna cenah lamun teu diasupan, bakal
> > diblack-list ku ITB, percuma ngiring SPMB oge. Tapi kulantaran
> > kuring henteu boga duit saloba kitu, nya budak teh tetep we sina
> > ngilu deui testing make jalur biasa (SPMB), keun we kumaha engke
> > lulus henteuna mah, aya cadangan sakolana pangulinan MJ .........
> >
> > Baktos,
> > WALUYA
> >
>
> --Roisz Tea
> Mugia Urang Balarea Aya Dina
> Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujeungan
> Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
>
>
>
> ------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
> - Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda >"
> on the web.
> - To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]< [EMAIL PROTECTED]>
> - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
> Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/ >.
>
>
> ------------------------------
>
[Non-text portions of this message have been removed]
Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea
---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS
Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

