Baraya Sunda sa alam dunya,
Ngabandungan kamotekaran jeung kahuripan milist-milist kasundaan (teu kudu didefinisikeun heula naon ari anu disebut milist kasundaan, sebut bae anu dimaksud teh tilu milist: urangsunda, kisunda, jeung Baraya_Sunda), kacida loba hal anu matak jadi tantangan jeung lolongkrang ka urang pikeun ngahirup-huripkeun Budaya Tatar Sunda. Ramat (jaringan) alam maya (milist, wesbsite, internet) tetela geus mukakeun panto-panto rupa-rupa kamungkinan ngaheuyeuk dulur pikeun gawe babarengan.
Di milist KUSnet, diantarana efek hade tina makalanganana sababaraha wakil KUSnet di KBS anu terus ngagorolong siga "bola salju" (tulisan-tulisan ngeunaan KUSnet jeung Ua Sas anu patutur midang dina sababaraha koran, makalangana KUSnet di statsiun TV jeung Radio) kuring nitetnan, unggal poe teu kurang ti 3 nepi ka 5 anggota anyar anu asup jadi anggota. Pon kitu deui di milist kisunda jeung Baraya-Sunda, sok sanajan frekuensina henteu sarua jeung di KUSnet, anggota enggal teh kawilang seueur. Unggal anggota enggal, kulantaran tacan ngabudaya mukaan arsip file, sok nataanyakeun perkara-perakara anu sabenerna keur anggota heubeul mah geus lila jadi bahan padungdengan. Dina lebah dieu, milist merlukeun wahana sarupa direktori (saur Kang mh mah FAQ). Fungsi FAQ: pikeun ngawadahan jejer-jejer guaran anu kungsi mucunghul anu swaktu-waktu aya anu naroskeun teh kari nuduhkeun bae ka ieu FAQ. Naha aya waragad keur nyieu FAQ (rohangan jeung anu ngokolakeunana)? Mangga, ieu emutaneun.
Di milist oge beuki dieu karasa loba kaperluan anggota, boh ngeunaan soal basa Sunda, adat-istiadat Sunda (upamana dina nikahkeun), pirang-pirang informasi sejenna (saperti soal pasantren, kadaharan, kaulinan, bahan siaran radio, jrrd), ageman jeung kapercayaan tradisi (ngahiyang, wangsit, jrr), oge perkara usaha anu mungkin diwangun ku / di antara para anggota milist. Hal ieu nuduhkeun: gedena potensi ieu ramat oge dina waktu anu sarua, can kagarapna ieu potensi.
Kukituna, para warga milist geus waktuna ngaheuyeuk usaha anu leuwih daria sangkan nyieun hiji ramat di alam nyata anu dikawitan ti ramat ti alam maya. Lolongkrang keur ngawangun ieu ramat kacida gedena. Upamana bae, upama geus kawangun ieu ramat, urang bisa ngusahakeun kadaharan Sunda anu go internasional. Pon kitu deui, urang tiasa midamel pausahaan ngeunaan kaulinan barudak, informasi ngeunaan budaya jeung adat Sunda, informasi ngeunaan pangwangunan (pesantren, kaayaan patani jeung tatanen), informasi ngeunaan tempat-tempat wisata tug nepi ka usaha wisatana (familiy homestay, wisata budaya, jrrd).
Para anggota milist sueuer pisan anu ahlina dina widang IT. Mateakeun IT pikeun pangwangunan masyarakat anu teu acan terang IT kalintang jadi hiji tangtangan. Pabukon oge bisa dironjatkeun paralel jeung ngawangun jalur distribusi ekonomi jeung sosial budaya, jrrd.
Patokanana (atawa postioningna), taya lian ti ngamanfaatkeun database anu aya dina ramat alam maya ('alam ghaib" ceuk wartawan "Galura" mah). Kukituna, lengkah kahiji anu tangtu diperlukeun: nyieun database. Langkah saterusna: nyieun diskusi-diskusi kelompok gumantung minat usahana. Lengkah katilu: ningkatkeun pajemuhan-pejemuhan di darat.
Bral.....hayu urang nete hambalan, keur Sunda saamparan jagat tea. Saha nya anu tiasa ngalalanyahan midamelan ieu konsep ramat ti alam ghaib ka ramat alam nyata? Aya anu bade ngabaladah? Kalintang dioantosna.
Baktos,
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

