|
Hatur nuhun ka uwa Sas, nu parantos ngajelaskeun
perkawis cacarakan.
Gening karaos pisan paedahna nya wa abdi ngiring
ieu millist teh, mun teu kitu mah beu...panginten abdi moal terang2 cacarakan
teh tos teu diangge deui. Nembean abdi ngumbara di Tangerang
ge ku abdi sok diadukeun jeung "cacarakan urang jawa", gening nyeples ampir teu
aya bentenna. Tah ti dinya dilenyepan...gening ari cacarakan mah sanes
asli sunda, da upami dilarapkeun kana sajarah mah...asal muasalna tina riwayat
adji saka.
Tah saupaminya abdi
hoyong tiasa sareng hoyong langkung neuleuman perkawis aksara sunda ngalagena..
kedah kumaha carana wa....
wassalam,
----- Original Message -----
Sent: Friday, July 15, 2005 3:08 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Cacarakan
akasara sunda
Rampes..!!! Hanacarakacarananyacagnangka parantos
digentos ku aksara Sunda Ngalagena aya oge nu nyebat Kaganga malih aya nu
nyebat Ratu Pakuan. Aksara Sunda Ngalagena parantos di Perda-keun ku
Pamarentah Jabar No.6/1996 teras ditegaskeun ku SK Gubernur Jabar No
434/SK.614-Dis.PK/99 kaping 16 Juni 1999. Janten Cacarakan (hanacaraka
tea) parantos teu dianggo sabage Aksara Sunda ti ngawitan eta
Perda. Kanggo langkung ecesna mah mangga bae dipaluruh buku-bukuna,
diantawisna : 1) Aksara Sunda/Tedi Permadi saparakanca/ Galura/1999 (dina
ieu buku aya katerangan nu langkung eces pangna aya aksara Sunda) 2)
Aksara Sunda Kaganga dan sistem penulisannya/Undang A
Darsa/CV Walatra/2003 3) Ngalagena/Idin Baidillah saparakanca/CV
Walatra/2001
MSasmita
----- Original Message ----- From:
"djoni rochjana" <[EMAIL PROTECTED]> To:
<[email protected]> Sent: Friday, July 15, 2005 4:49
PM Subject: [Urang Sunda] Cacarakan akasara sunda
>
Sampurasun, > > Sim kuring anggota enggal di milist ieu, nembe
noong > ka kolom "AKSARA > SUNDA". > > Rada aneh,
gening benten pisan sareng nu katampi ku > sim kuring waktos
masih > di sakola dasar 26 taun kapengker. > Palajaran aksara
sunda nu katampi, bentukna teh > cacarakan, Ha Na Ca Ra Ka Da > Ta
Sa Wa La... jst. > > Patarosan sim kuring, naha aya sabara rupa
ari aksara > sunda? > >
Wassalam,
Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?>---- HM ADS ?>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
__________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com |