Kang Anhar,
 
Pamugi salira aya di jero alam padang, caang ngempray, di alam kubur anu ayeuna keur disorang ku salira, kalawan kenging nikmat kubur anu samakta. Hampura kuring tacan bisa merhatikeun kulawarga salira anu dikantun, lian ti belasungkawa alakadarna. Kalawan hate anu teu welwh ngaracak nalika inget ka salira, ieu pangeling-ngeling teh pamugi jadi hiji tetengger anu salawasna ngantengkeun ingetan kujring jeung sing saha bae di kantor ka salira.
 
Inget keneh harita, 40 poe katukang, nampa warta salira ngantunkeun,  rarasaan dibentar gelap, hate asa disaaak. Enyaan-upama teu inget kana qodlo jeung qodar Anjeun-Na anu Maha Kawasa mah, mangkat salira teh asa dirawu heulang. Emut keneh, sapoe samemehna, nalika kuring rek dines ka Jakarta, salira gura-giru lulumpatan ngudag si kuring. Tina panetean salira ngingetkeun:" Pa, kade surat jalanna ka kantun!". Emh, teu aya sari, suwung semu, salira enjingna angkat salilana.
 
Kang Anhar,
 
Salila 25 taun kuring jadi pagawe negeri, asa nembe manggihan, ukur salira anu satia kana kawajiban salaku pagawe negri. Geten, teu galideur ku kasusah, teu weleh ngalaksanakeun tugas sanajan kaayaan sarana kantor anu kacida samporetna. Kituna teh bari imut teu weleh ngahias pameunteu salira anu marahmay bear. Budi basa salira teu weleh ngalangkang, tangtungan jeung handap-asor salira teu weleh nembongan dina ingetan. Kutan teh moal lana urang sasarengan jadi pagawe negeri.
 
Kang Anhar,
 
Sanajan salira ngan sakedap nyangking tugas, tapi, anu sakedap teh kacida geus mere pepeling jeung tuladan anu hade keur si kuring jeung kanca-kanca salira di kantor. Kaayaan di tempat gawe urang anu lir ibarat dapur tempat kukumbah parabot tilas pesta, teu jadi halangan pikeun  salira ngebrehkeun kumaha kuduna anu jadi pagawe negri.
 
Geuning harita, basa si kuring kapapancenan jadi wawakil ti kantor, nepikeun kecap panganteur salira anu angkat salilana, di handapeun tangkal samoja si kuring dareuda: "Kang Anhar, poe ieu sanajan di kuburan, si kuring tetep make jaket hideung sakumaha biasa upama akang munggaran ningal si kuring dina poean kantor. Ngahaja kitu teh sabab kuring lamun kongang mah hayang papanggih sapoe deui bae samemeh akang ngantunkeun kuring sarerea salilana. Kataji ku paripolah akang, kayungyun ku laku lampah salira....bral...geura miang, pamugi nyorang alam anu caang, kenging nikmat alam kubur, kacatet salaku anu syahid dina ngalaksanakeun tugas kamanusaan".
 
Kang Anhar,
 
Mung sakitu anu tiasa kapihatur, suwung tutur, beak ucap, antukna cimata karasa rembes. Hate rada salempang nyorang tugas pikahareupeun kalawan teu disarengan salira. Pamugi bae, dangiang kapahlawanan salira sumelesep rembes ka kanca-kanca salira atawa ka pagawe anyar anu baris datang. Ku cara kitu, kantor teh tambah rancage dina ngalaksanakeun kawajibanana.
 
Baktos,
manAR
 
-----
Catetan:
Mohammad Anhar, pagawe direktorat tata lingkungan geologi dan kawasan pertambangan, sacara organisasi anjeunna staf si kuring di hiji sub bagian di ieu kantor, ngantunkeun 8 Januari 2005 kalawan henteu teu damang heula.
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke