|
Ke..ke..ke...ieu anu diusulkeun teh ngadamel
deui yahoogroups anu anyar ( seratan Kang Mustakim nu munggaran mah kitu asana)
atanapi perkawis undak-usuk basa Sunda..?
Upami perkawis undak usuk mah usul teh sae pisan,
malah sim kuring mah satuju upami pangersa Kang Mustakim nyalira anu
ngaluluguan perkawis ngabahas undak usuk, mangga geura prung...! kuncen mah
satuju bae salami eta aya mangfaatna kanggo balarea, upami di
"pelajari" undak usuk teh saur Pa Hidayat Suryalaga mah nu ulah
pahili mung aya 30.
Leres perkawis undak usuk aya pro kontra dina
mangsa kiwari, kanggo dina ieu forum mah teu kedah silih salahkeun, anu pro atuh
mangga dianggo bae kalayan leres, kitu deui ka anu kontra da adab na mah kedah
dianggo, tetep aya basa loma, basa lemes, basa kasar, kedah sami sami merenah
nempatkeunana.
Atuh kitu deui kana basa wewengkon kedah sami sami
ngahargaanana, upamina urang Baduy (ceuk sakaol mah asli urang Sunda kalebet
basa Sunda-na) nyariosna kasar, kasar soteh saur urang wewengkon sanes
( wewengkon Priangan misalna) da ari kanggo dirina mah tetep we merenah.
Hatur nuhun, urang sami sami diajar
bae.
MSasmita
kuncen # 2 ( tos kolot abdi mah tos 55 taun, nu
ngora keneh mah kuncen 3,4,5 ari kuncen 6 mah sami tos kolot mung tegep
keneh).
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun sareng usul MSasmita
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun sareng ... A.M. Ardipradja
- [Urang Sunda] nu urang bogor Zamhur \"PAKUSARAKAN\"
- Re: [Urang Sunda] nu urang bogor Eko Ruska Nugraha
- Re: [Urang Sunda] nu urang b... amin mina
- Re: [Urang Sunda] nu ura... Ridwan Kurniawan
- [Urang Sunda] Re: nu urang bogor sindang_asih
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun sareng ... kumincir
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun sar... murdi
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun... A.M. Ardipradja
- Re: [Urang Sunda] Nepang... MSasmita

