Kang Agus, dina text berjalan Metro-TV dinten ieu, disebatkeun kaum 
Ahmadiyah teh ngangken Nabi Muhammad nabi pangakhirna, tapi oge 
gaduh kayakinan Mirza Ghulam Akhmad teh Imam Mahdi (nabi Isa anu 
lungsur deui?) kanggo nyampurnakeun ajaran Kangjeng Nabi Muhammad. 
Panginten eta mah bade satuju bade henteu, ngan nyaeta upami henteu 
satuju, ari kahayang mah lain ku cara anarkis kitu.

Ahmadiyah ayeuna puserna di Inggris, kumargi di tempat lahirna mah 
(pakistan) oge nimbulkeun kontoversi. Masjid pangageungna di London, 
lamun teu lepat mah diwangun ku jamaat Ahmadiyah. Ahmadiyah oge 
henteu hiji, tapi kabagi-bagi jadi sababarha aliran, sanajan Imamna 
sami Mirza Ghulam Akhmad. Jamaatna sumebar disakuliah dunya.

Saha wae urang Akhmadiyah anu kasohor? ceuk beja mah Dr. Abus Salam, 
ilmuwan Islam hiji-hijina anu meunang Nobel (Fisika) sabenerna mah 
Akhmadiyah (cmiiw). Dina widang arsitektur, aya "award" nu 
disebat "Aga Khan" award, nyaeta penghargaan dina widang arsitektur 
Islam. Ieu panghargaan disponsoran mimitina ku AGa Khan, salah 
saurang katuruanan Imam Akhmad, anu beunghar kacida. Ceuk cenah 
Kulawarga Aga Khan teh penerus kaimaman Imam Akhmad (tapi aya oge 
sekte sanes anu henteu ngangken kulawrga Aga Khan penerus Imam 
Akhmad).

Punten bilih seueur lepatna, maklum rada sakainget jeung kakara 
dongkap tadi enjing-enjing ti Kupang langsung ka Bandung. ARi 
dongkap ka rorompok, pas ningali text berjalan dina Metro TV, aya 
aoal Akhamdiyah ..........jeung soal lini di Kupang mani sababraha 
kali, tempat nu tadi isuk-isuk ku kuring ditincak keneh ............

Baktos,
WALUYA
  

--- In [email protected], "Agus Wirabudiman" <wirabudiman-
[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sampurasun
> 
> Cing saha urang SUnda anu ngiringan maledogan Jemaat Ahmadiyah di 
bogor, eta
> kelompok teh asa teu aya ciri kasundaannana dina paripolahna
> teh....(ngaharewos Kuring keur Kuring), meureun lain urang sunda 
ketang...ah
> duka kumaha bingung...mikiran paripolah batur mah, diri satangtung 
oge can
> puguh ajeug, ngan diajar pikeun ngajegkeun nana.
> 
> cik kumaha Kamotekaran Urang Sunda dina kayakinan AHMADIAYAH, 
sareng upami
> Aya anu ngagem Ahmadiyah di milisi Urang Sunda cing bejer beaskeun 
kumaha
> saestuna teh?





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke