Bagea Kang Mustakim, Wilujeng tepang! Naon anu diusulkeun ku Kang Mustakim teh sae kacida, namung ..., hehehe aya namungna.
Upama urang ngalongok ka tukang, naha aya naon atuh di satukangeun basa lemes, loma, jeung kasar teh? Kaayaan kajiwaan jiga kumaha anu aya di satukangeun eta panta - panta basa teh. Jigana, najan kuring teu nalungtik, sacara umum bisa disimpulkeun, yen basa lemes sok dipakaitkeun jeung basana para menak, ari basa kasar sok ditumalikeun ka bangsa cacah, jiga sim kuring. Ayeuna upama tea mah, urang pisahkeun rohangan pikeun ngawangkong make basa kasar, sareng padungdengan nu miginakeun basa lemes, naha kira-kirana bakal aya baraya anu sacara "sadar" bakal ngagabung kana milis anu dideklarasikeun baris make basa kasar? Insya Allah, moal aya Kang. Da ilaharna jalma, teu menak teu cacah, sami-sami hoyong diajenan. Najan cumarita make basa kasar, ari digeuhgeuykeun ku batur kasar mah sok sesah narima. Wallahu'alam. Ku kituna naon nu diusulkeun ku Akang teh, najan sae maksadna, namung heunteu praktis dilarapkeunana. Diantarana alesan jiga di luhur tea. Pikeun nagabkian usulan Akang, supaya "sunat kalakon wajib kalampah", tiasa dilarapkeun ku cara sejen. Diantarana, jiga nu tos ilahar dilarapkeun di ieu milis, nyaeta silih geuingkeun, upaya aya nu kurang silih bejaan. Jiga nu dicontokeun ku Kang Siddik. Aya deui cara sejen. Upama aya baraya nu ngagaduhan bahan perkara kabahasaan, tiasa sacara berkala midangkeun artikel a-z basa Sunda. Ku jalan kitu, kamaheran basa Sunda balarea, Insya Allah baris ningkat. salam, mh --- "A.M. Ardipradja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hatur nuhun pa Siddik, > Namung nyaeta perkawis ngalaksanakeun ieu gagasan > simkuring teh teu gaduh kamampuan tehnisna, sareng > saur mas Bagio pami aya 3 milis nu benten aya unsur > ngariweuhkeunana. > Panginten jawaban pa Sidik ka alo Diki tujuanna sami > nyaeta ngalereskeun basa Sunda nu henteu "pas", jadi > mugi2 pa Siddik sing sering ngalereskeun babasaan > urang sadayana. > Wassalam, > Mustakim > > Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten bade dilereskeun... > > Diki Setiawan Diki <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Urang Sunda Anu Dalehdeh Thea,(darehdeh...../tea) > > Simkuring Oge Bade Nepangkeun dina ieu milis. > Kakasih(Wasta) : Diki S.(kakasih mah dianggo kanggo > naros nami) > Kawit : Kelurahan Panglayungan Tasikmalaya > > Ngeunaan Usulan Ti Bapak (Bapa) "A.M. Ardipradja" > : > Simkuring Mah Satuju pisan, pisan ... > Atuh Mudah-mudah anu sanesna oge satuju ... > > Salam baktosna ti Tasikmalaya, > Diki > ssw > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > --------------------------------- > YAHOO! GROUPS LINKS > > > Visit your group "urangsunda" on the web. > > To unsubscribe from this group, send an email > to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the > Yahoo! Terms of Service. > > > --------------------------------- > > > > > --------------------------------- > Yahoo! Mail for Mobile > Take Yahoo! Mail with you! Check email on your > mobile phone. ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

