Punten ngiring ngacapruk...
Lamun urang maca buku si Mikihiro Moriyama dina
"Semangat Baru", didinya dijelaskeun yen undak usuk
basa dina basa sunda teh mucunghul (kirang langkung
abad 17-18) nalika kaum menak sunda kataji ku sistem
basa jawa di mataram anu leuwih nyirikeun sitem
feodalisme.
Kulantaran loba menak sunda anu kudu ngadeuheus ka
mataram (enya da harita urang teh masih keneh di jajah
mataram-ceuk Moriyama), nya kapaksa bae make basa
sunda anu dijieun, dipapaes, nya dialus-aluskeun, siga
basa jawa tea. Borojol we undak usuk anu diluluguan ku
menak-menak urang anu tuturut munding tea.
Rengse maca eta buku, sing daek sumprit, haroream deuk
make undak usuk teh, he he he aya rarasaan masih keneh
dijajah...:)singhoreng eta basa alus teh geuning
titinggal warisan karuhun baraya urang anu di wetan...

Wassalam,

baktosna akos 

--- durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    basa sunda warisan karuhun geus leuwih tiheula
"asup" ka musium. Basasunda kiwarimah, utamana nu
digunakeun di priangan, basa sunda nu geusmeunang
pangaruh kuat ti basa jawa. Bilih hoyong ningali
kumaha basasunda asli--cenah--tingali basa sundana
dulur urang, URANG BADUI. 



                
__________________________________ 
Yahoo! Mail 
Stay connected, organized, and protected. Take the tour: 
http://tour.mail.yahoo.com/mailtour.html 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke