Ehm !
barina oge mun Kusnet dipisah-pisah milisna, misalkeun dibagi tilu : 
Kusnet Lemes, Kusnet Rada Lemes jeung Kusnet Heuras ...
samodel abdi nu kanyaho basana sundana ngan sauted, lieur atuh rek 
miluan milis nu mana. Nu lemes atawa nu heuras..?
mu kitu carana, nu basa sundana heuras mah jigana teu bisa asup
kana komunitas sunda lemes atuh nya...
euh...Peodal pisan

Tapi di Kusnet ieu, 
sanajan abdi basa sundana garihal, tapi ku mindengna macaan postingan
nu basana hade, saeutik-eutik mah mulungan...
sok dipraktekeun nyarita didunia nyata, ceuk batur teh, 
"sunda pisan euy nyaritana..." 
Emh...rada beukah atuh pangambung teh...

Tapi,
Bisi aya nu bade ngadamel milis sejen keur ngabagi-bagi
golongan basa sunda eta, mangga wae, teu langkung,
da gampil pisan, kantun daptar ka Hayoo Groups..eh Yahoo Groups.
pami tos aya, bejaan we...

Kusnet mah antepkeun we jiga kieu..
Satuju ? (bari luak lieuk..)


Nagog deui ah,
-dul-








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke