Hatur nuhun Kang Jaka kana informasina. Sami sim kuring oge henteu panuju ka Akhmadiyah teh ngan sim kuring mah teu satuju pisan lamun cara-cara heuras ( kekerasan) jiga kamari di Parung Bogor dilakukeun. Nu kahijina mah kalakuan kitu teh ngarusak aran Islam nu kaduana ngalanggar kontitusi nagara urang nu ngajamin kabebasan beragama. Sakaterang sim kuring mah aliran Akhmadyah di Indonesia teh parantos lami, parantos 80 taun, malah di Bandung aya masjidna sagala, lamun teu lepat mah aya dua, nu hiji di Cikutra nu hiji deui di Bojongloa. Salami ieu sim kuring teu kantos ngadangu dua masjid ieu diserebu atanapi ditutup.
Perkawis buku "Ada Pmurtadan di IAIN", sim kuring mah teu acan maca, janten teu tiasa komentar naon-naon. Ngan ari perkawis Dawam Raharjo, sakaterang sim kuring mah anjeunna teh mantan ketua Muhammadyah, ormas Islam nomor dua pangageungna. Rada aneh oge aya tilas ketua Muhammadyah dianggap tokoh/ pembela "pemurtadan". Nu jelas mah, kuring mah jadi lieur, cenah Islam teh kudu ngahiji, tapi geuning kanyataanana diantara tokoh Islam kalahka silih tuduh "sesat". Bade kumaha ngahijikeunana? Baktos, WALUYA > Numutkeun buku "Ada PEMURTADAN di IAIN" nu ditulis ku > Hartono Jaiz, Dawam Rahardjo kalebet salah swios Tokoh > Nyeleneh (aneh pamadeganna)Dina cetakan ka III April > 2005 ditulis kieu (teu disundakeun) diantawisna : > Dawam Rahardjo, petinggi Muhammadiyah pembela > aliran-aliran sesat di antaranya Ahmadiyah, bahkan Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

