Kang dani, paripaos nu eta mah kanggo pameget ge berlaku atuh. Nuju alit parebut boneka, tos ageung diparebutkeun pameget....he he he.
MJ, pami ningal sacara umum aya leresna dunia istri teh BBC. Pami abdi mah kana baso resep tapi resepna biasa2. Pan sok aya istri anu katingalna nuang baso teh tos hobi. Pami boneka, nuju alit memang resep. Ari tos ageung kieu mah mendingan gaduh boneka nyaanna nya...he he he. Tah pami coklat abdi memang resep.Pami ningal katuangan anu berbau "coklat" pasti kutap ketap....:)
Aya deui nu naros, cenah dunia istri mah salah sawiosna kana gosip. Ieu mah tong dicarioskeun deui nya da umumna enya. Istri mah resep kana ngobrol2. Anu tung tungna teh sok kana gosip we. Tapi tong lepat, pameget ge saleresna resep oge kana gosip/ngobrol. Pami tos ngarumpul sareng rerencanganna, anu pameget deui. Kadang kawis bahan obrolanna teh salah sawiosna ngobrolkeun istri. Perkawis dangdos atanapi kosmetik, kumaha eta pan salah sawiosna. Panginten ieu mah tos ilaharna nya.
Pami nyarioskeun dunia wanita atanapi dunia istri, saleresna seueur. Kaci teu abdi nambihan. Ari nu diluhur mah perkawis kana karesep istri. Aya deui kieu, ceuk cenah istri mah "misteurius". Pikiran, hate atanapi kahoyong anu aya dina dirina kadang kawis tara tiasa ka tebak ku nu sanes, hususna ku pameget.
Tah ayeuna kumaha duniana pameget. Mangga we emutan.
Neng Iva
"Waluya, Dani R" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ih... si akang hilap saurna mah pameget hiji deui, paribaosna nuju alit parebut boneka tos ageung parebut pameget :b, leres teu teh iva ?
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of mj
Sent: Tuesday, July 19, 2005 4:14 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re:kuncen anyar/baso
di novel Louisiana Louisiana, kuring nulis dunya perempuan teh BBC:
baso, boneka, coklat.
enya teu teh iva atanapi para teteh sanesna?
eta mah mung hipotesis bin perkiraan samentawiz tea. kaci nya :p
mj
http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
--------------------------------------------------------
This message (including any attachments) is only for the use of the person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete this message and inform the sender immediately.
Start your day with Yahoo! - make it your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

