--- "A.M. Ardipradja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nuhun pa Sasmita, > > Simkuring kantos maca hiji artikel (hilap deui ti > mana) ngeunaan teori benua Atlantis. > Cenah Atlantis nu tos tilem teh kapungkurna mah > disebat "Sunda Land", hiji pulau ageung nu legana > sami sareng sub-benua India. Dina proses tilem, > pendudukna ngarungsi ka daerah2 sekitar sareng > daratan Asia palih kidul. Sesa2na cenah mah jadi > kepulauan Sunda Besar (Borneo, Sumatera, Jawa, > Sulawesi) sareng Sunda Kecil (nu ayeuna dinamian > Nusa Tenggara ku Bung Karno). Sateuacan tilem CENAH > bangsa nu aya di Atlantis teh teu kinten majengna > dina hal kabudayan sareng elmu pangatahuan langkung > ti ayeuna, dugika aya nu "misuse" & manipulasi elmu2 > nu aya harita dugika kajadian malapetaka. Baruk kabudayaan sareng elmu pangaweruh jaman "Sunda Land"? leuwih maju ti ayeuna? Kuring mah sok rada kerung upama nitenan beja kieu teh. Sabab jiga nu ngabeberah urang Sunda, majar geus "leuwih" tinu sejen ti baheula mula. Ari buktina ayeuna, wallahu'alam. Ari numutkeun kuring mah, pikeun urang Sunda mending realistis we atuh, kumaha kayaanana ayeuna. Tong ngawawaas wae jaman "kaemasan" nu duka ceuk saha boa. Nu penting jigana ayeuna, upama aya nu hade ti batur (boh elmu pangaweruh, oge budaya), teu salah upama diturutan. Teu kudu era. Kitu deui, upama aya nu kurang hade di urang, tong salempang, tinggalkeun wae. Upama noong sajarah sains, asa pamohalan upama jaman harita elmu pangaweruhna leuwih maju ti ayeuna. Contona wae misalna dina biologi, apanan cenah baheula jalma kungsi percaya, yen mahluk hirup asalna dina barang paeh. Saterusna, eta kapercayaan teh robah, cenah mahluk hirup asalna tina endog. Kitu jeung kitu pangaweruh manusa robah luyu jeung robahna jaman. Pon kitu deui dina fisika, apanan jalma ngahartikeun atom teh robah teus, luyu jeung jaman. Salam, mh ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

