Aeh muhun, tadi teh emut pisan bade ngetikkeun rujukanana, ari teun kaburu dikirim. Kaleresan simkuring maca dua buku kanggo rujukan:
  • Perjoangan Paguyuban Pasundan (1913-1942), karangan Syarif Amin (1984), terbitan Sumur Bandung.
  • Paguyuban Pasundan: kebangkitan kembali orang Sunda, karangan Edi S. Ekajati (2004), dina Seri Sundalana ka-2, terbitan KBU.
Judulna rada dirarampa, kirang langkungna mah kitu. Buku nu kahiji mah tos sesah di pilari di pasar, pami nu kadua di Gramedia (Bandung/Matraman-Jakarta) ge sigana mah aya.

jk

On 7/20/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten kang Kandar, sumberna timana tah eta teh? Pan
biasana di lingkungan atikan mah sok disebatkeun
sumber/referensina.
Bilih sok bisi, aya wargi KUSnet anu hoyong maluruh
langkung paos, tiasa milarian ti sumberna.
Asana teh aya sababaraha hiji buku anu medarkeun
perkawis Paguyuban Pasundan. Pami teu lepat mah di
rumah baca Ua Sas aya sabaraha versi buku Paguyuban
Pasundan ieu.

Etang-etang napak tilas sareng maheutkeun silaturahmi,
Pami aya waktos mah, baraya KUSnet di Bandung sumping
ka sekretariat Paguyuban Pasundan. Langkung sae upami
tiasa ngayakeun panglawungan sarang pangurusna, teras
di dadarkeun di KUSnet. Kanggo nambih sumanget milis
urang.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke