Lawan tina handap asor teh diantarana "goong nabeuh maneh". Paribasa jeung prak-prakanana Sunda sarupa kitu geus diusulkeun ku kang Chaedar Al Wasilah sangkan direvitalisasi, sabab, nyakitu kumaha kasauran salira, henteu nyukupan keur tandang makalangan dina mangsa kiwari.
Anu dimaksud revitalisasi di dieu nyaeta revitalisasi budaya anu ngawengku 3 lengkah: 1) neuleuman ajen inajen budaya nepi ka nuwuhkeun kasadaran, 2) perencanaan sosial (didieu kaasup atikan jeung nyalabarkeun informasina), 3) kreativitas budaya (anu 3 lengkah ieu geus sababaraha kali ditepikeun di milist.
Salah sahiji lengkah tina revitalisasi, upamana, ngamaknaan deui babasan Sunda hasil kreativitas karuhun urang luyu jeung kaperluan jaman. Saur Kang Chaedar Wasilah, "goong nabeuh maneh", upamana, tiasa direvitalisasi maksudna jadi "unjuk kompetensi diri". Tah upama saluyu, urang geus ngalengkah dina revitalisasi babasan ieu (bagian tina budaya) dina lengkah kahiji anu di luhur. Upama, urang terus nyalabarkeun jeung bnyieun kreativitas anyar sangkan ieu informasi katarima jeung prak dilarapkeun dina kahirupan sapopoe ku sarerea, urang geus asup kana lengkah nu sejenna tina revitalisasi budaya.
Cag.
baktos,
manAR
On 7/15/05, djoni rochjana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salah sahiji sipat urang sunda teh upami teu lepat
handap asor.
Upami ku sim kuring dilenyepan, memang sae eta sipat
teh, upami tiasa
nempatkeunana, tapi kadang sipat eta geus ngadarah
daging.
Tah upami sipat handap asor ieu dipiara terus di jaman
era kopentensi
sapertos ayeuna, urang sunda bakal titeuleum terus,
nyerahkeun ka nu sejen.
Mun kitu jadina.....iraha deui atuh urang sunda bakal
muncul jadi
pamingpin...
wassalam,
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

