Sakumaha ceuk hukum kombinasi dina matematika (mh tangtu manukna dina hal ieu), tina 2 suku aya 4 kombinasi. Upamana, tina karakter "hade congcot" jeung "goreng bacot", aya 4 kombinasi karakter manusa:
1) manusa anu hade bacot, hade congcot
2) manusa anu goreng bacot, hade congcot (anu ieu jadi babasan sapopoe)
3) manusa anu goreng congcot, hade bacot
4) manusa goreng congcot, goreng bacot
Mun kongang milih campur gaul jeung papada manusa, tangtu sarerea oge milih anu nomer 1), sakurang-kurangna anu nomer 2). Anu teu pati hayang campur gaul nya jeung anu nomer 3), komo jeung anu nomer 4) mah (tajong bae kitu? :)).
Sok resep lamun nyanghareupan anu goreng bacot, hade congcot. Saba'da dicarekan lak-lak dasar atawa dinasehatan bari panjang lebar, antukna : bro bae dipaparinan. Lumayan, panyarek atawa nasehatna mah lamun hade, nyerep kana hate, lamun goreng nya gunakeun paribasa sejenna: asup kan ceuli ka tuhu, ka luar ti ceuli kenca. Anapon pamaparinna mah salawasna asup kana pesak atawa patuangan.
Baktos,
manAR
On 7/21/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
nu kitu teh "goreng bacot, hade congcot" tea panginten
nya bah willy. hehehe.
--- Waluya < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kuring boga pangalaman soal basa "kebon binatang"
> teh. Boga
> kawawuhan katurunan Cina, ngajak ka kuring ka
> Balikpapan, memeres
> pagawean manehna di Balikpapan. Manehna ngomongna
> make basa Sunda
> lemes pisan, alahbatan kuring. Ka pagawena ge kitu,
> tara ngomong
> kasar, kabeneran deuih pagawena teh urang sunda
> wungkul.
>
> Kabeneran pagawean di Balikpapan teh aya masalah,
> kasalahan
> pagawena. Na ari gantawang teh manehna ngambek ka
> pagawena,
> bebeakan, basa Sunda nu mamawa eusi kebon binatang
> kaluar
> sadayana. Pagawena mararungkut, kuring nu ngadengena
> ceuli jadi
> panas, ngagejlig indit teu bebeja heula, teu wasa
> ngadenge basa
> anu sakitu kasarna.
>
> Sorena kuring jeung pagawena papanggih di Mall
> Balikpapan,
> ditanyakeun, "kumaha dicarekan teh?"
> "Kenging dua jam Pa, wareg ku anjing, monyet jeung
> sagala rupa!",
> jawabna teh
> "Naha teu pundung, balik we ka lembur, urang wae nu
> ngadengena
> teu ngeunah", ceuk kuring teh.
> "Wangsul? pundung? ......ah, malah abdi jeung
> rerencangan mah
> ngarep-ngarep dicarekan teh", ceuk manehna teh bari
> seuri.
> "Har, naha kitu?"
> "Adatna si Pa X mah, lamun nyarekan bebeakan,
> kumplit jeung basa
> kebon binatang, tapi saatosna, sanggeus reureuh tina
> nyarekan
> abdi jeung rerencangan di bagi artos 100 rewu ewang.
> Matak abdi
> ka Mall oge, rek balanja kaperluan anu geus seep!"
>
> Jadi? make bahasa kasar jeung diambek make basa
> kebon binatang
> oge teu naon-naon asal aya duitna mah
> ........hehehehe
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
>
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page
http://www.yahoo.com/r/hs
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

