PT. DI jeung karyawan anu daremo eta korban ngimpi teknokrat Indonesia dikendangan ku sistem korupsi jeung pangawasan anggaran pamarentah anu teu baleg. PT. DI anu ngarupakeun metamorfosis tina PT. Nurtanio tadina dijagokeun salaku pusat industri pinuh ku teknologi tinggi bari - kusabab pamarentah teu boga duit - dana anu digunakeun keur ngabeayaanana sawareh make dana reboisasi leuweung urang.
 
Kusabab managemen ieu pausahaan masih keneh kahieuman ku usum KKN, bari industri dadasarna cang ajeg nangtung, antukna PT. DI jadi samar polah. Kungsi kacaritakeun, di PT. DI aya biangna usaha fiktif multilevel marketing anu teu rasional anu ngadadagangkeun "separangkat" alat sholat (hehehe, siga maskawin anu ilahar kapanggih sapopoe). Loba korban tina ieu usaha fiktif anu teu rasional, malah anu jaradi gelo oge teu saeutik. Teu wani ari nuduh sabagean tina hasil panipuan dana masyarakat anu milyaran dipake keur nutup hutang PT. DI mah, sabab teu boga bukti. 
 
Ku sabab geus sakitu beuratna bangbaluh soal dana di PT. DI, nya managemen teh teu mangga pulia. Solusina? khas di nagara korban KKN : PHK bari jeung teu jelas upahna (imbalanana). Anu ngari: leuweung tambah rusak, urut karyawan teu weleh ngoceak, demo terus teuing rek nepi ka iraha. Kasus PT. DI atawa industri anu ngajleng estuning pinuh ku pieunteungeun.
 
baktos,
manAR
 
 
 
 

 
On 7/21/05, Hepi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya ku gigih eta karyawan DI (dirgantara indonesia), bulak balik bandung jakarta merjuangkeun hirup huripna
 
tapi muji oge ku sabar jeung teu anarkis deuih, sakitu abring abringan, tara kacaritakeun ngaruksak atawa nyieun onar
 
kamari peuting di tingali di metro tv keur ngalampar di jalan, bari ngarobrol, sawareh deui tahlilan, cape meureun saanggeus demo, asa keuheul kuring ka meneg bumn soegiharto, cik atuh panggihan sakeudeung mah , dengekeun naon kahayang DI teh, teangan jalan kaluar na
 
Salabar pisan sigana teh, sakitu nu di tepungan teu daek manggihan ge... kalahka tahlil jeung solawat, teu katingali  gogorowokan bari meureupan leungeun kumaha we ilaharna nu demo
 
Sok di jurung du'a lah.. sing hasil pamaksudan teh
 
-Kang Hepi-


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke