Informasi sapertos kieu, anu kedah disosialisasikeun,
pikeun pieunteungeun urang sadaya. Ceuk babasaan mah
"ulah ngarawu ku siku" atanapi "moro jurang
ngaleupaskeun peusing" (leres kitu babasaan ieu
dilarapkeun dina kasus ieu?).

Sanes hasil ahirna wae anu kedah diperhatoskeun, tapi
oge proses sareng kasang tukang dina mutuskeun hiji
kawijakan. Pikeun para pupuhu, naha di lingkungan
birokrat sareng diswasta, kamampuhan sapertos kieu
jarang diperhatoskeun, anu ngabalukarkeun
"mis-management".

Upami hoyong langkung paos neuleuman perkara ieu,
mangga di ilo buku  "Change!" na Rhenald Kasali,
terbitan Gramedia, pangaosna rp 85.000.
Upami teu lepat mah saderek Rhenald teh (saangkatan
sareng sim kuring lebet UI na,aktivis reporter majalah
Economica FEUI) salah sawios konsultan PT DI, anu
ditugaskeun "ngalereskeun benang kusut" manajemen PT.
DI.

baktos,

mrachmatrawyani

--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> PT. DI jeung karyawan anu daremo eta korban ngimpi
> teknokrat Indonesia 
> dikendangan ku sistem korupsi jeung pangawasan
> anggaran pamarentah anu teu 
> baleg. PT. DI anu ngarupakeun metamorfosis tina PT.
> Nurtanio tadina 
> dijagokeun salaku pusat industri pinuh ku teknologi
> tinggi bari - kusabab 
> pamarentah teu boga duit - dana anu digunakeun keur
> ngabeayaanana sawareh 
> make dana reboisasi leuweung urang. 
>  Kusabab managemen ieu pausahaan masih keneh
> kahieuman ku usum KKN, bari 
> industri dadasarna cang ajeg nangtung, antukna PT.
> DI jadi samar polah. 



                
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page 
http://www.yahoo.com/r/hs 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke