Waalaikumsalam Wr.Wb.

Wilujeng enjing Kang/Bapa Dadang (nyebatna kumaha nya ieu teh?)
Hapunten pisan abdi teu gaduh CD nu dimaksad. Kaleresan abdi di
Jepun-na sanes di puseur kota, tapi di Sapporo (Hokkaido, Jepang
kaler). Saemut abdi, asa teu acan kantos mendakan CD kacapian di dieu.
Duka tah pami abdi kirang taliti laha-loho di tokona:D
Ngadamel nyalira wae kitu ieu teh...:D)) 
Ngahaleuang sorangan he..he..
Hanjakal teu aya kacapina, barina ge ketang teu tiasa ngacapi abdi mah:D
Kapungkur rerencangan aya nu kagungan CD Cianjuran (mamaos), saurna
mah anjeunna ngagaleuh di Bandung. Seueur panginten di Bandung mah:)

Wassalam,
Gilang
http://www.senandungbunda.4t.com

 
--- In [email protected], dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalamu'alaikum. Baraya US.
> 
(diteukteuk sapalih)

> Perkawis Kacapian, abdi ge hoyong ngagaleuh kanggo koleksi. 
> Kapungkur gaduh CD nu eusina campuran antawis Kacapi suling,
> tembang/mamaos sareng rupi2 gamelan wanda sunda klasik, nu ngawih
> namah estu urang sunda ngan di rekam na di nagri jepun, candak pun
> adi ti Tokyo.. Tah nu abdi teh ical waktos ngalih bumi lebeng teu
> kapanggih. Waktos abdi ngumbara ka nagoya (sakola) dicobi
> dipilarian... teu mendak.. manawi aya nu gaduh atanapi teteh nu di
> jepun gaduh koleksina kitu?.  Emutan mah bungkus cd na teh kelir
> beureum aya gambar wayang, seratan sanesna dina basa jepang sareng
> aya indonesia na sakedik. Hatur nuhun..
> DR.
> 
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Yahoo! Mail 
> Stay connected, organized, and protected. Take the tour: 
> http://tour.mail.yahoo.com/mailtour.html




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke