hahaha, dasar
ahlina,... sok ah kuring bade guguru....ka kang Syam Ridwan,
nuhun.
Baraya Kusnet saalam dunya, ieu mah etang-etang
nyobian we ma'lum parantos bulukan bakating ku lami tara ngelol kadieu.
Atuh salajengna bade ngawilujengkeun ka kang Iim, rehna tos jeneng janten
kuncen #7 dpd Sumedang. Moal hariwang ayeuna mah mun milis kameumeut ieu aya
nu ngabom, pasti kuncen#7 pangpayuna, kunyam kunyem sakedik, bomna mulang deui
kanu ngirimna. Jelegur bitu ! Ahli bahan peledak dilawan...hehe.
Nguliwed sakedap ka kang Dani, sae kang cariosna
mangga teraskeun, enya pami ningal cai anu ngagolontor ngagenyas herang sok
manglebarkeun.
Punten, ieu mah etang-etang ngareuah-reuah, cariosna
di gurawilkeun sakedik sapertos kieu geura :
"Meuni lami lami
teuing mandi teh kang....teras ngaguher kitu didinya!!!" nyi Keuis satengah
ngagorowok
"Lain nyi....., akang
teh keur neangan nu leungit yeuh...!"
"Neangan naon kang
?"
"Keur neangan tutup
bak, ieu cai lebar ngocor wae ,tapi weleh teu kapanggih, untung
akang boga akal, geura yap kadieu da teu dikonci !"
ceuk Dudun bari nagen
salila-lila dihareupeun bak mandi, enya we saprak Dudun nagen didinya,
teu sakara kara kokocoran bak anu sagede songsong teh saat. Bakating
kupanasaran nyi Keuis reket mukakeun panto kamar mandi, sulusup asup, ari
breh teh.
" Heuheuy deudeuh ituh kang Dudun, sanes lebar
ku caina abdi mah kang, tapi lebar ku cocokna, apanan cocok eta mah kanggo
nyocokan kokocoran nu abdi sanes ?!" ceuk nyi Keuis bari
meumpeun carang.
" Hus...tong sambarangan ngomong bisi ngadengeeun ku
lebe !" tembal Dudun bari ngarawel anduk tina kastop, atuh golontor
kokocoran bak anu sagede songsong teh ngocor deui.
" Hiihhh.... apal ayeuna mah geuning !" nyi Keuis
ngabirigidig.
" Apal naonana ?" Dudun teu ngartieun
" Eta kang... Songsong...hiiihhhhhh !" nyi Keuis
ngabirigidig deui.
Tos ah kang Dani, ulah diteraskeun bilih dipolototan
ku kuncens ! marangga kasadanya nyempod deui ah!
SR
This message (including any attachments) is only for the use of the person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete this message and inform the sender immediately.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
|