urang pernah ka studiona kang Deddy Effendie di Garut, bareng jeung urang
Grasindo, sakalian acara pameran buku di gedong inten...(? he love).
kabeneran si kang Deddy ieu nulis novel Gadis Permata Bunda nu
diterbitkeun Grasindo, sarua jeung nu urang.

koleksi lukisan nu mini-leutik eta kungsi ditingalikeun. enya. laleutik
pisan. aya gambar lady Di, jsb. nu matak aheng, lukisan teh tetep dina
kanvas, cat minyak, jst saperti ilaharna lukisan. ngan kitu wungkul peta
kang Deddy? henteu.

manehna nyieun majalah Pakansi, diedarkeun di Garut. dijual cenah, tapi
kalolobana mah dibagikeun haratis. danana timana? nya sawareh menta  ka
pemda cenah. basa ka studiona teh keur ngahanca. ampir kabeh dilakukeun
sorangan. nyetting, nyetak oge, da aya mesin cetak leutik. putrina nu
cikal lulusan jur. perpustakaan unpad.

mj

http://geocities.com/mangjamal




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke