ehm.. meni celakan geuning Teh Iva teh kana urusan kieu nya... Tiasa konsultasi ateuh nya..? heu..heu...
-dul- > iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Memang leres, ceuk istilah umumna, istilah naon nya namina, istilah gaulna we nya...Pameget mah masihan perlindungan pami ceuk bahasa gaulna mah cinta. Pameget memberikan cinta untuk mendapatkan seks, tapi samulihna wanita memberikan seks untuk mendapatkan cinta (punten teu disundakeun). Mung sapertos nu di dugikeun dihandap dorongan ieu mah leuwih kana naluri. Tapi hubungan suami istri mah sanes ngan saukur penyaluran nafsu/gairah wae, tapi hubungan anu sakral, mangrupi ekspresi perasaan duriat sareng kanyaah dua jalmi, mangrupi komunikasi unik cenah, anu ngan saukur tiasa dialaman ku dua jalmi (deuh kumaha rasana nya.....he he he) > Mung dihandap dicarioskeun dina hubungan intim, istri langkung enggal ( lebih cepat) ngalaman kapuasanna. Naha ieu teh sanes tibalik? Anu sakaterang abdi mah justru pameget. Mung pami istri anu langkung lami ngalaman kapuasan, eta mah sigana leres. Henteu dina teori umum, dina agama islam ge sami. Dina hadis disebatkeun kieu "Wanita memiliki kelebihan kenikmatan sebanyak sembilan puluh sembilan bagian atas laki2, tetapi Allah SWT menanamkan rasa malu pada kaum wanita" > Janten ku Alloh ditutupan rasa kaera, kaisin sahingga hal ieu henteu katingal. > Agama islam nyaeta agama anu ngatur kahirupan manusa ti sagala aspekna sahingga masalah hubungan suami istri ge diatur ku islam ku cara anu leres. > "Apabila seseorang diantara kalian menggauli istrinya, maka janganlah ia menjauh sebelum ia menunaikan hajatnya, sebagaimana ia pun suka menunaikan hajatnya" > Hartosna pami saurang ngalakukeun hubungan intim sareng istrina ulah muncul rasa egois, nyaeta mung ukur meunang kapuasan sorangan, tapi puaskeun oge istrina sabab istri oge hoyong kapuasan anu sami sareng manehna (pamegetna). Malihan dina hadis anu sanesna deui mah disebatkeun hal ieu teh mangrupa sedekah. > Sabda Rasulullah "Di dalam kemaluan salah seorang diantara kalian terdapat sedekah" > Sahabat Nabi pernah naros kieu "Wahai Rosul apakah salah seorang diantara kami bila menunaikan nafsu syahwatnya mendapat sedekah? Rasul ngajawab kieu "Ya benar, bagaimana pendapatmu apabila hal itu diletakan kepada hal yg diharamkan,apakah ia mendapa dosa?" teras maranehna ngajawab ku kasadaran "Ya, memang benar" > Hadis ieu nganjurkeun ka urang supaya dina hubungan suami istri (hususna menggauli istri) ku cara anu leres. Sami oge dijelaskeun dina hadis sejenna nyaeta Rosul ngalarang seseorang ngalakukeun hubungan suami istri samemeh panas2an heula (sareng istrina) > Pami ditingal deui hartosna istri mah peryogi proses/tahapan heula anu meryogikeun waktos dina ngalaman kapuasan, henteu siga pameget. Kitu panginten nya. Punten baraya abdi nyarioskeun perkawis anu kieu, sapamendak abdi mah da peryogi oge sanes pendidikan seks teh. Sawios nya da tos arageung ieuh....:P > Sakitu heula pamendak ti abdi, pami aya anu lepat panglereskeun. Mugi aya mangpaatna. Amin. > > > Baktos, > Neng Iva > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

