SIKSA KUBUR DILAKSANAKEUN DI KUBURAN :
Sampurasun Kang Dudi
 
Anu disiksa di kubur teh, sanes Waragadna (Kurungna), ari kurung na mah seep janten Taneh deui. anu ngaraoskeun siksa sareng pahala dina Kubur kalawan Langgeng (ABADA) teh Kuringna (Ruh Manusana). Kanggo Ngamaphum kana perkawis eta kedah tiasa misahkeun heula dina diri ti antawisna :
 
JISIM - KURUNG - KURING:
 
Anu disebat JISIM nyaeta Nafsu anu Opat tea
Anu disebat KURUNG nyaeta Badan anu tina saripati Bumi hasil patemon rasa Ibu sareng Rama.
Anu disebat KURING nyaeta Ruh anu saur dina Al-Qur'an : firman Allah : "Wanafakhtu fiihi min-ruuhi", hartosna "Jeung Kami Niupkeun Kana eta (Badan anu Geus Sampurna), Ruh ti Kami".
 
Upami Kang Dudi kagungan Anggoan Sae pisan anu pangaosna awis kalintang, teras eta Anggoan Kang Dudi teh ku simkuring di Duruk, kinten-kinten kang Dudi Ngambeuk moal? tangtos Rasa Batin Kang Dudi hanjelu tur ambek, teu genah calik, upami nafsuna kapegung sok janten ceurik balilihan bakating ku nyeri, padahal ngan ukur anggoan (KURUNG) kang Dudina anu di Duruk kantenan ari Kang Dudi na mah.
 
Terasna supados awas kana KURING (RUH) nyalira, cobi wae rampa Seneu dina lilin ku panangan Kang Dudi, anu ngaraos keun panasna tina Seneu naha naonnana?
Naha Panangan? atanapi Kuringna anu ngagaduhan panangan? tantos Kuringna. Cobi tingali anu maot, teras gebugan panangan eta anu maot? ngagorowok nyeri moal? tangtos moal da etamah ngan ukur wadahna. Janten Hakekatna anu ngaraoskeun Tiis-Panas, Nyeri-Nikmat, Bungah-Susah Didunya rawuh Akheratteh Ruhna (KURINGna) anu asalna ti Anu Maha Hirup (Al-Hayyu).
 
Upami ayeuna Kang Dudi digebugan Panangan eta, anu ngaraoskeun Nyerina naha Malaikat anu aya dina Diri Urang Ngaraoskeun Nyeri Henteu? henteu, Naha Syetan anu Ngagoda Kang Dudi ngaraoskeun Nyeri henteu? Heunteu, Naha simkuring ngiring ngaraoskeun nyeri henteu? henteu, Naha Alloh anu ciptakeun diri urang sarerea ngaraoskeun Nyerina eta digebug heunteu? henteu. ESTU TETEP Karasa Tunggal mung ku Kang Dudi Wungkul nyerina eta digebugan panangan kang Dudi, nuduhkeun eta teh yen sifat Allah anu Maha Tungga aya dina diri tiap jalmi anu mangrupikeun Af'alna (CiptaannaNa) Alloh anu disebat Af'alulloh. "NYUNGSI DIRI NYUAI BADAN ANGELO PAESAN TUNGGAL".
 
Seuneu Rasana Panas, naha Panasna eta Seuneu katingal ku Kang Dudi tangtos henteu, da katingalna mah ngan ukur bereumna eta seuneu, ari panasna eta terangna ku RASA anu nyanding dina KURUNG. Panas oge nyanding dina Seuneu anu beureum, samodel GULA sareng AMISna, LAHIR sareng BATINna.
Numawi dauhan Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W, : "Lilqur'ani Dzahirun wabaatinun", hartosna "Dina Al-Qur'an teh aya (hartos/makna) Lahir sareng Batin". Ngamafhum Qur'an teh kedah sareng makna Lahir Batinna
 
Perkawis ngalaksanakeunnana eta SIKSAAN kumaha KURINGna eukeur di DUNYA, ALLOH SWT mah netepkeun hasil Laku Lampah Urang di Dunya, upama KURINGna teu tiasa ngendalikeun Nafsu-nafsu (JISIM) anu Opat, maka tangtos KURINGnana teh moal Mulih Kajati Mulang ka Asal, tapi Nuturkeun hawana eta Nafsu kamana wae Nafsuna-Kuringna Oge nuturkeun Nafsuna disebat wae marakayangan, numawi rajeun sok aya anu mendakan (kawenehan) di Sawah aya nu ceurik tapi teu aya jirim disebat wae JURIG SAWAH, aya anu keur ucang-ucangan dina Tangkal Gede disebat wae Kunti Lanak, aya anu Keur Ngaji di Masjid tapi teu aya jirimna disebat wae JIN ISLAM jeung sajabana. Tah eta sadaya nuju ngalakonan hasil Tekad Ucap Lampahna keur di Dunya satung tung teu acan Kiamat Kubro.
 
Anapon pintonan-pintonan di layar TV etamah namina oge Hiburan anu ngandung Pelajaran  diatur ku Sutradara, mung aya candakeunnana, yen Hirup Manusa kumaha Lampahna di Dunya. Rupa Anu Goreng pikasieuneun anu nempo eta teh nya Nafsu Goreng anu aya dina Diri Urang Keneh jeng saterusna.
 
aduh panjang teuing yeuh, hapunten upami kirang dina ngajabarkeunnana upami hoyong langkung ecesna Alam Barzah urang kedah ngalaksanakeun Hadist Nabi anu unggelna " MUUTUU QOBLA ANTAL-MAUTA", hartosna :"Geura Maraot (heula) Aranjeun Kabeh, Samemeh Aranjeun Maraot".
 
sakitu heula
hapunten
Baktos
Agus Wirabudiman
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, July 22, 2005 5:02 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] PENYIKSAAN ALAM KUBUR

Hatur nuhun kang Agus, mung abdi mah masih hemeng yeuh...
Seueur carios ngenaan siksa kubur, komo ayeuna dina tipi mahabu program nu ngajualan nu kieu. Pan dina acara-acara eta, siksa kubur teh dilaksanakeun di Kuburan kumaha tah kang?

 
On 7/22/05, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten Ngirin Mairan :
Alam Kubur teh disebat oge Alam Barzah
ari hartosna Barzah, eta Dinding atawa Hijab pamisah anatara Alam Dunya sareng Alam Akherat.
upami mariksakeun , Alam Kubur teh dimana ?
PEMENDAK simkuring berdasarkeun kana Al-Qur'an sareng Al-Hadist : nyaeta ieu di gigireun urang keneh, dimana urang aya- Alam Kubur didinya ge Aya. mung eta oge bertingkat-tingkat lapisna Barzah.
 
Geuning teu katingali?
apan namina oge Alam anu Kadindingan (Barzah), moal katingali kupanon buncelik, kedah katingali ku Paningal anu sajati dina diri Urang. tah hoyong terang mah panginten kedah nyukcruk elmu Sajatining Diri.
 
Iman Ali a.s : "Ru'yatullah fidduna bi'aenil Qolbi", hartosna :"Ningali Alloh di Dunya, tegesna kupanon hate (batin)."
 
tah sakitu wae heula.
baktos
Agus Wirabudiman
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, July 22, 2005 3:46 PM
Subject: Naros ah Punten akang, eteh Re: [Urang Sunda] Penyiksaan di Alam Kubur

 
Ari nu di maksad Alam kubur teh dimana? di kuburan? lieur abdi mah..
 
hatur nuhun

 
On 7/22/05, Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Leupas tina seratan di luhur, dina hiji riwayat nalika Kanjeng Nabi
ngalangkung hiji makam, anjeuna ngarandeg, lajeng sahabat naros "aya naon ya
Rasullulah ?", ahli kubur ieu keur disiksa jalaran keur hirupna tara wawasuh
saparantosna kahampanagan, janten tos pasti Rasulullah tiasa tur uningan
kana alam kubur, Kanjeng Rasul malihan nyarios saupami aranjeun kiat, abdi
rek ngadu'a ka Allah sangkan maraneh tiasa ngadangu siksa kubur ieu, ngan
pasti maraneh moal kiat, dina riwayat nu mashur nalika Rasullulah Isra
Mi'raj, anjeuna tepang sareng nabi-nabi nu tipayun malihan anjeuna shalat
berjamaah, sareng Rasullulah janten imamna. Sacara umum jalma maot




--
Dudi Herlianto
[EMAIL PROTECTED]
urangsunda@yahoogroups.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS






--
Dudi Herlianto
[EMAIL PROTECTED]
urangsunda@yahoogroups.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke