Keur budak, masih dilembur kuring, pernah numpakan beca luhureun balong teh (pacilingan, atawa paciringan tea), di sebat beca teh da wangunna rada ngaharib-harib beca, Awi buleud dua batang di jajarkeun carang, tempat urang miceun geugeuleuh bari cingongo rada cangegang. Kumbungna make ereng awi nu di anyam ngabentuk wangunan buleud luhurna kira-kira sacangkeng. Waas teh lamun "plung" langsung recok lauk dihandapeun heu heu heu.... Ceuk ceunah mah ieu teh mangrupakeun salah sahiji bentuk pangolahan limbah. Pun biang mah nepi ka alimeun nuang lauk ti eta balong...
 
dh

 
On 7/26/05, kamalinaan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

nuhun tambihanana. janten ngeuyeuban perkawis imah Sunda. prung we
tonk sieun salah. teu aya nu salah, nu aya ngan beda istilah. ari beda
teh embe jeung kapolda. haha.

di tutugan gunung Sawal, awi (baruleud keneh) nu dijajarkeun jadi
lantey teh biasana di pacilingan -asana istilahna jarambah (meureun
pedah misah rada jauh ti imah, tapi teu kudu kana ojeg heula. biasana
luhureun balonk. dingdingna make awi anyam tapi anyamana awina gede
teu siga pikeun dingding. jadi dingding pachillingan teh rada corengcang.




--
Dudi Herlianto
[EMAIL PROTECTED]
[email protected]

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke