Wa'alaikum salam wr. wb.
 
Tah geuning aya mahasiswi eung....
nepangkeun kuring Dudi dua taun katukang kuring ge masih kacatet jadi Mahasiswa di IPB, ngan ayeuna mah tos OUT. Kuring kawit ti Sumedang, ayeuna masih di Bogor di Tegallega.
 
Sok lah teh, sing betah tumaninah ngababakan di ieu lembur, loba dulur, dijamin!
 
nambih: Teh Novi, jurusan naon? kuring STK angk 35

dh
 
On 7/26/05, novi indriani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualikum,
Tipayun nepangkeun wasta simkuring novi indriani  abdi kawitna ti SMUN 2 TASIKMALAYA alhamdulillah ayeuna abdi atos katampi di IPB eta teh panginten rizki tialloh swt anu kedah ku novi nyalira di syukuran ,novi teh panginten putra anu cikal   gaduh rai mung 2 istri sareng pameget lengkep pisan nya  hanjakal we novi teu gaduh raka padahal novi hoyong pisan gaduh raka tapi wios lah ato kumaha deui da anu kaluar tipayung tina rahim pun biang teh anu jenengan novi tapi diantawis kitu novi henteu keueung teu gaduh raka tapi buktosna seueur pisan kapiraka mah .Diantawis hobi novi mah anu ku nu sanes sering dipidamel nyaeta maca , maca na maca naon bae novi mah resep  diantawisna :dongeng . novel, papantunan , jeung sajabina .Novi mah asli urang tasik bentan sareng rai- rai novi upami rai rai novi mah lahirna di subang nyaeta tempat aslina punbiang novi.Novi mah jalmina kalebet lah tiasa di sebat bageur  adu h mani agul nya. atos heula ah egke diteraskeun deui di tutup ku wassalamualaikum .




--
Dudi Herlianto
[EMAIL PROTECTED]
[email protected]

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke