100 peresen kuring sapuk kana "penggentra" MH malah mun rineh mah nu ditulis teh sanes bae ringkesanana, tapi oge kamandang (komentar/pamanggih) inyana. Atuh bilih panasaran, palay uninga nu aslina, tuduhkeun bae di mana ayana, keun bae sina ngotektak sorangan. Hatur nuhun.
Salam,
rdkhmkk
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
Nitenan milis US anyar-anyar ieu, asa sering pisan
meunang kiriman artikel, boh "forward" ti milis sejen,
atawa cutatan tina media online. Teu dinafikeun memang
artikel nu dikirim teh, kabeh oge matak narik ati.
Ngan bae, kuring ras inget kana padungdengan mangsa ka
tukang, cenah ieu milis teh utamana diniatan pikeun
mulasara basa Sunda.
Jigana supaya fardu kasambut sunat kalampah, bakal
leuwih hade upama artikel nu dikirim ka milis teh
paling copel aya ringkesan nu ditulis ku basa Sunda.
Nya saparagraf dua paragraf mah jigana meujeuhna. Atuh
tangtu bakal leuwih hade upama ditarjamahkeun mah
sagemblengna kana basa Sunda. Ngan meureun beurat
teuing nya.
Upama tea mah, hal ieu dibiasakeun, ceuk itungan
kuring bakal loba mangpaatna. Kahiji, Insya Allah
kamahiran nulis dina basa Sunda bakal nambahan leuwih
lancar. Kaduana, kamahiran ngolah informasi oge bakal
leuwih ningkat. Wallahu'alam.
Salam,
MH
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

