nembean abdi posting deui di babakan... punten bade ngiringan 
ngacapruk manawi aya nu kersa ngaos na...
abdi kacida resepna upami aya bahasan ngeunaan kahirupan para abg di 
bdg, sok sanaos aya abg sanes urang sunda ge ngan da puguh tos 
kacatetkeun warga bdg, kadang sok disebat we urang sunda sok sok 
sanaos sanes oge.
sateuacan abdi posting ieu, abdi kantos ngawangkong heula ngeunaan 
postingan ti kang oman ieu sareng salah sahiji urang sunda nu linggih 
diamerica (daerah namah moal disebat bilih pajarkeun abong2 cicing di 
america kitu saurnateh)
abdi teu patos ngajenghok ngeunaan masalah nu dipedar ku kang oman 
ieu, da sateuacan nage basa nuju sakola di DU abdi kantos milarian 
data ngeunaan kahirupan remaja bdg ngeunaan kahirupan seks bebas na, 
janten sanes ayeuna wae "ngeboom" na teh tapi ti basa abdi nuju 
sakola keneh di DU ge kinten2 taun 97an kahirupan kieu teh tos aya.
naha ABG eta bet nyebat kahirupan siga kitu teh di namian "American 
Style"? padahalmah teu sadayana kahirupan diamerica siga kitu. punten 
pisan sanes abdi ngabela america punten paralun teuing abdimah masih 
keneh nyaah ka indonesia komo deui ka tanah pasundan mah ngan pedah 
we abdi gaduh refernsi ti rerencangan nu linggih diditu.sapertos dinu 
film2 nu teu leresna nu diedarkeun di indonesia contona dina film 
remaja america anu judulna "american pie". dina film eta mintonkeun 
kahirupan remaja abg america nu kacida bebasna yen saurnateh upami 
masih keneh parawan atapai perjaka saurnateh kirang gaul. tapi 
saleresna sabagean ageung jalmi di america ge kirang resepen kanu 
film samodel kitu teh, tapi jigana ku urang indonesia atanapi ku 
barudak abg na malah di "telan mentah mentah" punten duka naon nya 
basa sundana yen anggapan nana kahirupan abg di america teh siga 
kitu.padahal saleresnamah teu siga kitu kitu teuing, abdi gaduh imel 
ti rerencangan us abdi nu aya di america eta tea.. saurna kieu
" TV Di Amrik programna rata2 sae, sehat acarna ngadidik, rough 
sience, globe treker, Jeopardy (kuis ilmu pengetahuan kanggo barudak 
sakola),quiz pengetahuan georaphic dunia, kabayang neureun tina 
namina oge ilmiah.  
Film seri2 na oge pilihan seueur unsur pendidikan, CSI, ER ... 
Barudak ngorana seueur kasempatan ngembangkeun bakat musik, teather 
gratis, olah raga unggal sore di stadion (mana wae) aya konser 
musik klasik gratis kanggo umum. Atanapi di tingkat RT barudak ngora 
ngayakeun drama (experimen mentaskeun drama2 kalsik gratisan, nu 
nongtonna tatanggi/sepuh-sepuhna).. wah kreative pokok na mah. Aya 
oge anu ngadamel Film pendek, di setel di halaman wengi2  bari botram 
( barbeque ceuk urang dieu mah), eta teh tos janten kagiatan sahari2 
barudak ABG di lingkungan. 
Sarana olah raga, renang , Basebal, tenis, Golf dikelola ku Pemda 
janten gratis ( murah meriah) jadi barudak gaduh kasempatan jang olah 
raga Unggal minggu aya wae kagiatan sosial jang barudak ngora, 
babantu diyayasan kesehatan,... kagiatan kebon binatang (ngagalakkeun 
cinta ka binatang), taman, ngadegkeun taman bermain sederhana kanggo 
nu teu mampu. Ngumpulkeun barang2 kanggo disumbangkeun ka nu butuh.
Diajar damel ti leuleutik, icalan teh botol, soft drink di unggal 
pengkolan atanapi payuneun bumina. Kadang pas musim2 panen, pada 
merah susu sapi , ngabantuan para patani......"
tah kitu imel ti rerencangan abdi nu aya di america eta tea, janten 
teu sadayana urang america awon kalakuan nana, aya oge nu sae malah
jigana langkung teratur dina soal pendidikan nana.
tapi di bdg ge jiganamah teu sadayana abg siga kitu nya.. seu'eur oge 
nu saena, seu'eur pisan komo panginten murid murid pasantrenan mah..
ngan jigana dina palebah judul postingan nana kirang ngepas, duka naon
nu pas namah mangga we jigana baraya sadayana langkung uninga 
kedahnamah ayeuna ti ngawitan sepuh sepuha na kedah langkung langkung 
merhatoskeun kana "pergaulan putra/putrina kahirupan nu sapetos kitu 
teh, atanapi putra/putrina di piwarang ngiringan kagiatan nu leres2 
postif pisan tong di abur kamana wae.kapungkurmah aya lsm MCR "Mitra 
Citra Remaja" nyaeta lsm anu merhatoskeun pisan kana kahirupan remaja 
nu "menyimpang" (punten basa sunda na naon?) samodel kanu narkoba 
atanapi seks bebas nu alamatna di bubat tah upami teu lepatmah tos 
ngalih ka sekeloa tah duka ayeunamah abdi kiranga apal deui.tah sae 
pisan MCR eta teh, abdi atoh pisan aya lsm eta, sok sanaos ayeuna teu 
tiasa ngabantos nanaon kana lsm eta
hapunten pisan bilih aya cariosan abdi nu lepat!

wassalam

"nenny batam"





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke