Bade nambihan ah.. aya deui paktor media anu mangaruhan pisan kana perkembangan budak, atuda tongtonan TV ayeuna mah geus teu cocok pisan jeung kaayaan jeung kabudayaan urang. saperti contona dina sinetron2 remaja anu ditonjolkeun teh pergaulan anu bebas weh jeung model papakean anu orat.
dina kantos ngobrol sareng urang psikolog saur anjeuna " Lamun hiji jalma aya anu nyebutkuen gorengpatut ku 10 urang, maka eta jelema teh dina jiwa na geus kacitak rumasa gorengpatut" Janten rada kapikiran ku abdi, boa-boa : -Upami titayangkeun terus sinetron pergaulan bebas bakal ngadorong remaja urang ka arah pergaulan bebas -Upami ditayangkeun acara kekerasa bakal ngadorong rahayat ngalakonan kekerasan.. -Upami ditayangkeung tarian2 jeung model papakean anu erotis bakal mawakeun oge kana budaya "teu era ku orat". - dadan.r.saleh- ----- Original Message ----- From: "joko tingkir" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Tuesday, July 26, 2005 1:02 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Re: "American Style" jeung SCAAB di Kota Bandung > Kuring boga barudak nu keur rumaja putra + putri > (barudak kuring alhamdulillah balageur pisan). > Bisa jadi anu garagal tina alatan tina : > - Kurang perhatian ti kolot (haripeut teuing neangan > dunya tepikeun ka poho ka anak). Barudak ukur ku > disimbeuhan ku dunya barana, teu dibarengan ku atikan > jeung didikan agama. > - Kolotna oge saruana. Hartina nyonto kolotna. Lamun > kalakuan kolotna teu bener, mungkin era rek mapatahan > anak bisik dibalikeun da barudak ayeuna mah kritis > pisan. Contona anu kolotna ngaroko, tangtu bakal era > nyaram ulah ngaroko ka anakna anu rek nyoba-nyoba > ngaroko. > - Kurang didikan agama keur leutikna. Ieu ge teu bisa > leupas ti conto jeung tekad kolotna dina ngadidik > barudak. > > Jaka > > --- kang_boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Haturan baraya US..., wilujeng wayah kieu...! > > Nitenan pedaran posting kang Oman jeung postingan > > kang Ganjar, > > beu...mantak muringkak bulu punduk. Geuning kaayaan > > rumaja di kota > > Bandung teh geus sakitu ruksakna (sok sanajan teu > > kabeh), mantak > > palaur jeung hariwang pikahareupeunana komo deui > > lamun ngabogaan budak > > awewe nu keur mangkat rumaja pasti kacida hariwangna > > teh. > > Ieu kajadian atawa carita nu sarupa kieu teh pernag > > oge dipedar di > > salah sahiji stasiun TV swasta anu disiarkeun tiap > > malem saptu tengah > > peuting dina acara Fonemena, harita teu ngahaja si > > kuring lalajo ari > > pas teh keur ngabahas masalah sek bebas di > > kalalangan rumaja (abg) anu > > kakara sakola di tingkat SMP di kota Bandung. > > Geuning sakitu tarapti > > jeung lantipna carana oge sabab maranehna oge boga > > panglayar > > (mucikari) anu masih babaturanana keneh (batur > > sakola atawa batur > > ulina) anu umurna kawilang masih can sawawa lamun di > > ukur ku umur anu > > wajib mah. (rata-rata umurna antara 14 - 15 > > tahunan). > > Maranehna embung ari disebut atawa disakompet > > daunkeun jeung ilaharna > > awewe bangor mah (wts/psk) mah, da cenah maranehna > > mah teu ngahaja > > neangan rizki tina kitu ieu ukur resep wungkul atawa > > gaul cenah > > mah....(beu neupi ka kitu nya...???) > > Didieu aya sababaraha pananya na jero hate kuring, > > naha ari kolotna > > arapaleun tingkah laku barudakna kitu...?? atawa ieu > > anu kasebut > > barudak anu kurang perhatian ti kolotna....??? (ukur > > diperhatikeun > > tina soal materi sabab maranehna sibuk > > (kolotna)).... > > > > Beu...nepi kakitu nya kahirupan barudak rumaja di > > kota teh, mantak > > sieun jeung mantak palalaur nempo jeung > > ngabandunganana.... > > > > Cag...ah, nuhun. > > > > BM'69 > > > > > > ____________________________________________________ > Start your day with Yahoo! - make it your home page > http://www.yahoo.com/r/hs > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

