Hayang ekspresi diri yeuh, lain pedah ku senang atawa bungah, ieu mah pedah ku bangbaluh hate, ku nineung jeung ku sono ka 'kabogoh maya"
 
Tuh eulis di lebak pasir nu suni
basa layung keur nguyung
basa curug lir rumahuh
seah sada ngulah ngulah
 
ku haneut neuteup anjeun
seungit ngadalingding estuning kembang
ngahenen na pucuk campaka
ngagupay
 
Duh diri
rek iraha tepung jeung nu dipikayungyun
nu nyimpang lamun keur lenglang
nu ngusapan lamun keur melang
 
Indung peuting nyimbutan
tongeret geus beres tandang
asa siga anjeun asa siga anjeun
tapi weleh ngan kalangkang
 
-Kang Hepi-


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke